Mun teu salah mah ngeunaan gugel téh kieu...

Salaku mesin panyusud, mémang gugel kawentar, cenah nomer wahid. Tah, lian ti kahébatan éta, gugel téh motékar. Sagala rupa anu kungsi kasusud ku mesinna, otomatis disalin. Jadi, nyalinna téh teu sacara manual, kawas ditéplak meureun lah istilah baheula mah.

Ogé dina conto Mang Oman, anu boga data téh lain gugel, tapi loka2 nu boga arsip éta warta. Gugel mah ukur néplak... Duka tah ka payunna. Sakabéh data nu kakumpulkeun téh sigana bisa terus diteundeun ku gugel, nepi ka hiji mangsa, gugel téh jadi "pabukon", heuheu...

On 08/09/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] > wrote:

Baraya,

Enyaan edun google teh. Petana dina ngadokumentasikeun warta geus ngarambah
jauh ka mangsa abad ka 18 M (taun 1700 M kadieu). Ieu kahebatan google dina
ngawangun arsip warta dunya diwartakeun oge ku salah sahiji statsiun TV
warta (dina news ticker).

Pirajeunan, si kuring nyoba-nyoba mukaan "News Archives"-na Google
bagean Indonesia, samemeh taun 1950. Sajorelat geus ngaberedel warta-warta
ti mimiti taun 1949 ka ditu. Wah nyaan, hiji dokumentasi anu pohara, lain
gawe memeh mumuluk. Teu kabayang, kumaha google - sanajan boga beaya gede -
ngaorganisasikeun para kontributorna pikeun nyusun eta arsip dunya.

Hapunten ieu mah sanes ngabejaan bulu tuur, kanggo para wargi anu teu acan
wanoh kana carana, sedengkeun hoyong nyoba-nyoba milarian arsip beja,
khususna ngeunaan Indonesia (meureun Sunda oge aya di jerona) nyoreang
mangsa baheula nepi ka abad 17 M, make pakakas google, mangga cobian
lengkah-lengkah di handap ieu:
http://news.google.com/


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke