Baraya, kuring boga buku meunang nginjeum, judulna teh, "Kebudayaan Indis, Dan Gaya Hidup Masyarakat Pendukungnya di Jawa", kenging Prof. Dr. Djoko Soekiman, Guru Besar Sajarah Universitas Gajah Depa ..eh ...Mada. Diinjeum teh, pedah eta ningali gambar coverna rada lucu aya gambar tantara pribumi (kopral cenah) keur leumpang bari melenyun udud, ditukangna dituturkeun ku kacung nu manggul bedil, bari nyoren tas kulit jeung dina bedilna ditukang digantungkeun bebeur sang Kopral.
Ieu mah lamun kuring teu salah maca, maklum ieu buku teh buku desertasi nu ngarangna, jadi buku akademisi, nu sok hese dihartikeunaa ...hehehe. Kabudayaan Indis teh cenah budaya campuran antara Budaya Walanda jeung budaya Indonesia, khususna Jawa (oge sabenerna Sunda, da rada teu beda Jawa jeung Sunda teh). Mimiti mah urang Walanda nu mangaruhan urang Pribumi, tapi ahirna budaya urang Pribumi oge mangaruhan urang Walanda. Jadi weh kabentuk hiji budaya campuran, nu disebut Kabudayaan Indis. Contona dina soal wangunan jeung gaya hirup. Digunakeun pagawe pribumi nu dididik sacara "kulon" ku walanda beuki nyuburkeun budaya Indis. Para Priyayi gaduh andil gede dina nuwuhkeun gaya hirup campuran ieu. Ieu cocog jeung pamandegan Ibn Khaldun, ahli sajarah Arab, nu nyebutkeun yen suku anu gaduh budaya handap (urang Badewi Arab) boga "kecenderungan" kuat nurutan/niru adat-kabiasaan pangawasa nu boga budaya leuwih luhur. Tapi sanajan kitu, henteu kabeh budaya Indonesia (baca : Jawa) leuwih handap ti budaya walanda. Buktina loba wangunan urang Walanda kapangaruhan ku seni wangunan di Jawa. Jadi sabenerna dua kolompok ieu (Walanda jeung pribumi), silih cokot jeung silih eusi. Pribumi asup ka lingkungan budaya Eropa, sabalikna walanda oge asup ka lingkungan budaya pribumi. Pribumi nu umumna birokrat, perlu ngarobah gaya hirup, contona dina ngagunakeun basa (walanda tangtuna oge), pakean, cara dahar, alat-alat rumah tangga, seni, kapercayaan/agama jeung NGAHARGAAN WAKTU (sigana ti baheula keneh kaum pribumi mah henteu ngahargaan waktu ....hehehehehe). Tah eta kakara Bab penduhuluanana, kajerona mah macana lieur ...hehehe. loba footnotena. Tapi ke dibaca heula, rame sigana mah, jeung asa kasindiran ras kana gaya hirup urang sorangan, geuning .....urang teh kawaris ku "kabudayaan Indis' teh! Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

