nuhun kang Firman, kana iber na. eungke lah lamun lebaran bade uih erek kadinya. eta oge lamun tiket na euweuh "tuslah" deui kituw.
 
by
----- Original Message -----
From: Firman R
Sent: Wednesday, September 13, 2006 10:16 AM
Subject: SUSPECT: Re: SUSPECT: Re: SUSPECT: Re: [Urang Sunda] nyungken tulung

"Hidayat" teh ayana nyanghareupan juruna "LIA dago" baheula (ayeuna mah LIA teu didinya deui asana mah)
Hareupeun Dago 34/Gelael (Super Indo)/Aquarius
Nyanghareupan bunderan anu aya tangkal gede hiji tea
lamun urang ti BIP (ti handap)
saacan gelael mengkol ka kenca
imah kahiji saenggeus juru di kenca, tah eta "Hidayat" teh
 
Toko na lain toko husus kaset
asup we tanyakeun kaset lagu-lagu sunda
asana mah anu geus CD ge aya
ke urang biasana ngan dibere album katalog
tinggal milih we
mun aya barang langsung ngonjreng we bayar
mun euweuh biasana dititah ngadagoan
manehna nyieun heula
harga normal (baheula mah = 5 taun katukang)
 
Nu aya ngan ukur kaluaran hidayat wungkul asana mah
da kuring ge geus lima taun teu meuli kaset sunda deui
hoream sok diijeum terus tara balik he he he
 
 
firman
 
penggemarkasetsundatapigeusbeakmodal
 
 
 
----- Original Message -----
From: Buyung
Sent: Wednesday, September 13, 2006 9:13 AM
Subject: SUSPECT: Re: SUSPECT: Re: [Urang Sunda] nyungken tulung

wah kaduhung euy sim kuring kamari balik ka lembur teu kadinya, kang firman tiasa anu detail kituw. bilih abdi uih tiasa milarian. ngan nyiar kaset/mp3 ka alun-alun. seueur didinya teh, bajakan hungkul
 
by
----- Original Message -----
From: Firman R
Sent: Wednesday, September 13, 2006 8:54 AM
Subject: SUSPECT: Re: [Urang Sunda] nyungken tulung

cobi kang dipilari di "Hidayat" (Bandung)
Payuneun LIA dago kapungkur mah
Malih mah tiasa pesen kaset-kaset lawas
eta ge upami kaluaran Hidayat
 
 
firman
 
 
 
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, September 13, 2006 8:17 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] nyungken tulung

Geuning rame pisan di US teh.....
seueur bahasan na.............ti pastur, itb dugi ka elpiji :)
 
punten bade tumaros upami bade milari kaset atanapi cd kawih sunda anu original tiasa milari dimana?
abdi oge nuju milari buku perkawis kerajaan sunda, tipayun nuju kuliah
di bandung pernah mendakan bukuna tapi kulantaran acis teu aya janten teu acan kapeuseur :)
tos kitu abdi geu hoyong teurang perkawis kalender sunda......sareng abdi nuju milari lagam kawih "duh indung-indung","ucang angge" aya anu tiasa ngabantos...........?
punten nembe leubeut tos seueur pamundut :)
hatur nuhun.



__________ NOD32 1.1753 (20060912) Information __________

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke