Iber panganyarna ngeunaan naskah Wangsakerta, upami teu lepat, aya dina acara acara bedah buku taun kamari di Perpustakaan Nasional. Ti harita mah asana kuring can kungsi deui aya padungdengan ngeunaan ieu naskah. Warta bedah bukuna tiasa diaos di PNRI, anapon buku2na, tiasa dipilari di toko2 buku atanapi di Kiblat Buku Utama, Bandung.

kdr

On 13/09/06, Aditya Yas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Nanging sim kuring oge masih panasaran kana "kelanjutan" naskah2 Pangeran Wangsakerta. Margi kapungkur, waktos masih jumenengna Prof.Ekadjati, naskah2 Pangeran Wangsakerta teh, saolah-olah "masih diragukan" oleh sababaraha pihak anu kontra kana "eksistensi" naskah eta, margi eusina anu "luar biasa" ngajentrekeun Sejarah Nusantara anu sakitu kumplitna. Salian ti eta saurna cenah ngamasalahkeun kertas + tintana, anu cenah mustahil ieu teh asli produk peninggalan sejarah. Harita saurna penggarapan naskah Pangeran Wangsakerta dugi ka dilirenkeun heula (teu kenging diteraskeun). Tah .... ti waktos harita sim kuring teu kantos terang deui, kumaha jujutan saterasna. Naha penggarapan Naskah Wangsakerta teh diteraskeun deui, ta henteu. Memang sapalih parantos aya nu diterjemahkan (garapan Prof Ekadjati, dkk), tapi apan Naskah Wangsakerta teh seueur pisan, sababaraha bab/jilid (Pustaka Rajya2 ing Bhumi Nusantara, Nagara Kertabumi dll). Upami parantos sadaya diterjemahkeun mah, meureun Sejarah Indonesia teh tiasa tambih lengkap, utamina ngabahas zaman kerajaan-kerajaan tea di Nusantara.


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke