Kabudayaan Indis, sabenerna kabudayaan nu dianggap "aneh' (ganjil), 
lamun di tempo ti masyarakat Walanda asli atawa ti masyarakat pribumi 
asli. Ceuk urang Walanda, kabudayaan Indis teh dianggap handap jeung 
aneh, ceuk pribumi (jawa, meureun sunda oge), kabudayaan ieu teh 
dianggap kabudayaan Kasar. Kabudayaan Indis teu kaserep ku sakabeh 
masyarakat pribumi.

Kabudayaan Indis, tamat waktu Hindia walanda bubar, kulantaran Hidia 
walanda diserebu Jepang. Naon cenah warisan positif tina Kabudayaan 
Indis ka urang pribumi, ieu cenah :  gaya hirup jeung sistem 
pamarentahan, ngajaga kabersihan jeung kasehatan, sistem hukum, etos 
digawe, disiplin, ngahargaan waktu jrrd.

Kabudayaan Indis, henteu jadi deui kareueus waktu di jaman Jepang jeung 
waktu revolusi. Tapi kulantaran niley-niley anyar acan aya, sbagaian 
niley-niley kabudayaan Indis, aya keneh nu masih dipake.

Maca buku ieu, kuring jadi inget, kana postingan-postingan kuring di 
ieu millis. Naha asa saluyu jeung pamikiran kuring, soal sabenerna 
urang Pribumi baheula, acan boga niley-niley nu sarupa jeung niley-
niley nu dianut ku masyrakat Eropa. Contona soal korupsi. Masyarakat 
pribumi teu ngartieun korupsi, da ari ceuk tempoan masyarakat pribumi 
mah, WAJAR lamun pangawasa barang cokot barang nagara. WAJAR lamun 
pangawasa beunghar. Tapi ceuk urang Walanda eta teh SALAH, nu kitu teh 
korupsi tea. Nu ngamimitian muka aya korupsi di urang, urang Walanda, 
Duewes Dekker (Mutatulli) nu nyebutkeun bupati Lebak makmak-mekmek 
jeung meres rakyat. Nu jadi "pertanyaan", naha rakyat Lebak ngarasa 
bupatina teh korupsi?

Hanjakal pisan warisan positif ti budaya ieu, lila-lila mah jadi 
leungit. Bangsa urang siga nu balik deui katukang, ka samemeh aya 
budaya Indis. Teu nyaho nu dilakukeun teh salah, ceuk tempoan budaya nu 
geus modern mah. Korupsi, tara daek ngantri, lalu-lintas sangeunahna 
jrrd nerekab, nu nunjukkeun yen budaya Indis, budaya campuran Kulon 
jeung wetan ....arek punah.

Baktos,
WALUYA 














Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke