ngaran resmina mah Soni Herdiana, alumni SMA I garut-cenah ayeuna jadi SMA I Tarogong. lulusan planologi itebeh, asana angkatan 96 kitu. ayeuna sarua jeung kuring, di itenas. ngan tangtu manehna mah di jurusan planologi.
judul novel nu geus medal, Mr. Right, grasindo. caritana mah genre teenlit-pikeun barudak SMA-umur welasan. tapi make tambahan teen-tulalit. meureun loba pisan heureuyna. nya kumaha we barudak SMA tea. pinuh kelir cenah. tapi setingna mah di bandung-teu di garut- make basa indonesia-jakarta-gaul nu aya lu gue tea. cenah pikeun barudak SMA oge nu rek nostalgia jaman sma. enya, dina jilid novelna make Sony Asgar. tangtu kuring reueus ka manehna, jeung geus sakuduna kuring ngadukung. basa ditolak ku hiji pamedal, geuwat kuring ngabejaan, cing kirim ka pamedal nu medalkeun novel kuring. nurutan. alhamdulillah, ditarima jeung ayeuna geus medal. ayeuna si eta keur kursus basa inggris di jakarta. da bulan januari taun hareup rek miang ka brisbane australala, sakola s2 di jurusan regional development planning, queensland university. meunang beasiswa ausaid. sing sukses jeung lancar, Son. mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

