Baraya US nu keur tolabul ilmi di KL.
Eeeeh Abah mah teu kapilih digawe di Malaya harita teh jadina mah 
kapilih sakola ka Australia.Tah di Melbourne sosobatan sareng urang 
Malaya,margi harita nu sakola di Australia seueur pisan ari ti 
Indonesia mah sakedik da nganggo biaya beasiswa ti Colombo Plan 
atanapi UNESCO ari ti aranjeuna mah dibiayaan ku Pamarentahna. Da 
eta ti Malaya mah ratusan ari ti Indonesia mah ngan sababaraha 
urang. Kulantaran basa rada sarua atuh ulubiung teh sareng urang 
Malaya.
Sobat Abah harita nyaritakeun yen nu sakola ka Amerika sareng ka 
Inggris mah rebuan saurna, margi sakola ka Ingris janten pilihan nu 
utami, lajeng ka Amerika nembe ka Australia sareng nagara nu sanes 
antawisna Indonesia. Cobi tah tahun 74 tos seueur kitu nu sarakola 
luhur. Nu tos lulus ti sakola dipupujuhkeun boh gajih sareng 
sajabina nu ngadukung kana kamajengan lembagana.
Nembe tahun 1979 Abah ka KL kitu oge pedah nuju kursus di Singapur 
di ulem ku sobat tea ka KL naek kareta api ti Singapur. Harita mah 
ti KL ka Subang Jaya,bumi sobat Abah, nembe ngadamel jalan nu rada 
ageung malihan mah di sababaraha tempat masih keneh aya tanda AWAS, 
tapi sobat Abah ngajalankeun mobilna ngebut wae. Ku Abah ditanya 
naha teu maca tanda AWAS? Jawabna maca cenah tapi hartina lain kudu 
laun tapi All Wagon All Speed he..he.. dasar.
Waktu nganjang ka tempat gawena katingalna mah rada santai teu pati 
hut het cara urang ngan nyarios seuseueurna nganggo Bahasa Inggris.
Wartos salajengna di tahun 85 mun teu lepat mah seueur sakola Luar 
Negri nu di buka di Malaysia, janten kurikulum, dosen sareng 
fasilitasna ngangge ti Luar Negri. Nu terang harita aya Politeknik 
anu program sareng dosenna meleg meleg ti Australia atuh ijazahna 
oge dikaluarkeun sareng disamikeun sareng ti Universitas nu di 
Australia salajengna dosenna kedah digentos ku urang Malaysia,cobi 
tah pan di urang mah harita teu kenging kitu teh. Nembe ayeuna pan 
diwidian aya Universitas ti Luar Negri ngayakeun sakola di urang, 
kitu oge sok aya nu ngicalan gelar pan.
Janten Malaysia teh ti kapengkerna beunghar,jalmina sakedik nu 
sakedik teh disakolakeun supaya palinter,tos lulus didamelkeun teras 
ngabangun nagarana. Ari urang pan kapengker kalebet miskin,jalmina  
seueur pisan da baranahan, atuh anu tiasa sakola luhur kudu gaduh 
artos, upami sakola ka Luar Negri eta oge beasiswa nu jumlahna 
sakedik. Tah cobi kumaha mun kitu.
Tapi aya nu ngabedakeun, nyaeta sumanget digawe jeung apikna urang , 
hebat lah komo mun tos kapeppet mah. Abah yakin lah hiji waktu mun 
urang ngahiji bari jeung sumanget jeung kacintaan diteruskeun. urang 
moal ngerakeun.Amin 
Nyuhunkeun dihapunten ka baraya sadayana pami lepat sareng teu 
sapagodos da ieu mah mung titingalan Abah wungkul
Cobi emutan aya paribasa Kurung batok, bongkok ngaronyok, tapi pan 
ayeuna mah US teh malencar kamana mana kantun ngahijina we lah, muga 
muga wae babakan Kusnet teh jadi cukang lantaran keur ngahijikeun US.
Sakantenan bade tumaros kaayaan ayeuna: 
•       Upami naek kandaraan umum,sami sareng diurang pasedek sedek? 
Ari kandaraan nana beresih, sae atanapi barutut sami sareng di urang
•       Kumaha ari jalanan di KL macet? Sareng ari nyupiran masih 
keneh seureudeug?
•       Ari nu ngumbara katineung kana katuangan di lemah cai naon? 
Roko keretek?
Hatur Nuhuin
Salam ti 
Abah
--- In [email protected], "malki_tea" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> punteun naros dupi kang abah tipayun waktos ngalalana ka taneh
> malaya di daerah mana nya? atuh seueur ku pangalamannya, tapi saur
> nu sanes mah muhun aya sabagian nyarios, benteun pisan situasi
> sareng kondisina baheula sarenga ayeuna. panginteun dina
> kasumangeutan urang dieu masih keneh dibawah urang indoensia, tapi
> ningali kana pasilitas mah malah sami sareng nu aya di dunya eropa.
> nu alitna sapertos bade ngaji atawa ngariset budaya alam melayu-
> indoensia, di sakabeh parpustakaan nu aya di malaya nu ceukap, komo
> paspus nu khusus sapertos UKM ku kajian ATMA, UM, teras
> perpaustakaan Negara nu papayun-payun sareng HKL (hospitas kuala
> Lumpur). 









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke