jang irpan, masalah undak unduk basa mah ulah dihubungkeun
eujeng isi hate atuh...


cag ah..
yana

On 9/16/06, irpan rispandi < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kompor award teh..he..he..he..

Kuring ngahaja ngomporan basa lemes jeung basa kasar teh sangkan urang "introspeksi".

Naha anu di ucap keun ku urang teh sarua jeung laku lampah.

Basa anu alus, tata krama, tata titi duduga prayoga, teh lain barang pameran.
lain pamintonan.
tapi estu eta teh kaca pikeun ningali kalakuan jalma anu ngomong na.

Loba kuring manggihan, jalma anu ngomongna lemeeess nakeranan.
tapi ati julid, licik, jail, kaniaya.
Jang naon manehna ngomong lemes ari sok nyilakakeun batur mah.

Sok geura nanya ka diri sorangan, naha enggeus ngomong lemes teh di barengan ku kalakuan anu oge lemes.
Dibarengan ku gerentes hate anu beresih,
jauh tina sirik pidik jail kaniaya ka batur.

Masrahkeun ka baraya sakabeh.

***Si irpan budak wangkelang, tapi hayang bener



On 9/16/06, Roro Rohmah < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

Naaaattt… Irpan silaing teh kabina-bina teuing, pirana ge ngan saukur ngabacot make basa nu alus da teu menta teu meuli, ngan saukur engap wungkul?! Heheh…bisa geuning dewek make basa songong euy! Lain teu wani, ngan dewek mah hayang ngahargaan diri sorangan. Ari jalema ngomong teh pan sarua jeung ngomong di jero guha, naon nu kuurang diomongkeun pasti aya urutna siga sora urang sorangan lin? Mun dewek songong ka batur, pasti batur ge moal sopan ka dewek euy!....Bet urang Jepang oge nu sakitu sorana siga nu sesentak, ngaheulakeun undak usuk basa jeung sopan santun, ari urang Sunda nu katelah gede kaera, sok mamandapan, handap asor kalahka disebut munapek?!

 

Hihih…hapunten baraya, nuju diajar songong…

Pami kecap2 nu diluhur dilarapkeun kana basa nu sok dianggo ku abdi pasti batur teh nyangkana :

1. Siga sanes istri

2. Nuju ngambek

3. Teu diwurukan ku sepuh abdi ngeunaan sopan santun (budak mah kumaha kolot lin?)

4. Teu nyakola

5. Salah gaul

6. Seep obat....heheh...siga nu teu damang...alias siwah.

7. Cing aos sing tenget ti nomer 1 dugi ka genep pami aya nu kalangkung, mangga tambihan...

 

Usul yeuh panitia, kumaha pami HBH engke Cep Irpan teh dipaparin "Mapanas Award"?

 

ro2

 

 
irpan rispandi <mr.rispandi@gmail.com> wrote:
Cikan baraya anu sok make basa lemes.
terlepas tina bener atawa henteuna basa lemes teh feodal, feodal teh munapek.

hayang ngadenge pendapatna.

wani teu ?
wani teu ?
wani teu ?

heeeeehhh cemeeennnn
(bari ngacungkeun jempol kahandap he..he..he...)





__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke