halal. jadi haram mun carana haram
(saperti; ngaprint we pagawean teh meh geura beak eusina)
tantan
On 9/17/06, AA misan <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Naha bet teu halal sagala.kang ? Pan akang tos ngantongan widi ti si boss yen akangbisa 'ngamangpaatkeun' eta catridge, eta mah bade didaur-ulang,bade dieusi tinta deui atanapi bade 'dipiceun' ka tempat nu nampung nya teu langkung akang. Teras 'hasilna' dibagi-bagi sareng kolega akang tangtos langkung sae batan dipiceun teu puguh. Singketna mah upami si boss tos masihan widi ka akang, hartosna eta barang teh tos janten milik akang.Ieu mah kadar conto,kang. Kaleresan sikuring teh keur kuriak sa eutik ngabongkar taman hias nu geus cakueum matak sareukseuk mata pedah teu kaurus. Beu geuning barangkalna teh aya kana lima Colt-na, nya ceuk si tukang tembok teh piceun we cenah ka tanah nu legok di kidul miliki si babah nu rek ngabangun bengkel reparasi mobil .Pangbejakeun ka si babah kuring boga barangkal, ceuk kuring ka si emang tukang tembok. Teu kungsi lila isukna Colt buntung milik si babah geus ngurunyung ka buruan ngangkut barangkal sakitu lobana. Tuh geuning win-win solution ceuk basa deungeun tea mah. Si babah meunang barangkal keur ngurug tanahna nu legok, kitu deui kuring boga buruan teu bala ku barangkal.Ki sobatMisan .
maman durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Kuring keur aya masalah, yeuh. Bade curhat. Sugan jeung sugan aya baraya nu bisa mere bongbolongan ka sim kuring. Kieu guera masalahna teh;Ti saprak pindah gawe ka divisi IT kuring jadi boga akses ka CATRIDGE urut (wadah tinta printer nu geus ueweuh eusian). Padahal catridge eta najan geus euweuh eusian masih aya hargaan. Hijina teh bisa payu 20.000-an . Tah kamari teh kuring ngajual sababaraha catridge urut. Hasilna dibagi-bagi jeung babaturan IT nu sejena.Patarosan kuring; NAHA HALAL DUIT NU DITAMPA KU KURING hasil penjualan catridge urut eta?Tah kitu patarosan kuring. Diantos walerana. Mangga kang Boim, wa tito, kang yudi, kang oman, sareng nusanesna diantos pamadeganana.
--
Wasalam,
Durahman
--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr
"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi-- __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___
- Re: [Urang Sunda] cing baraya, tulungan abdi AA misan
- Re: [Urang Sunda] cing baraya, tulungan abdi tantan hermansah
Kirim email ke

