Haha....padahal rarasaan mah lolobana ngopi ti perpustakaan oge, lain nginjeum! Lain teu sadar tapi teu nyaho...tapi pan di lingkungan sayah mah buku teu "samahal" kitu!
Pokna teh...pira anan...! Meni ngopet..komo deui mun diinjeuman...! Ah...loba-loba deui we geuning. Eujeung tadi na mah pan...saeutik-saeutik mah nya nginjeumkeun buku atuh...nyieun kahadean teh! Hehe...kerep kapeung mah malah jadi kukulutus pinuh supata weh.
 
Memang perelu nitenan aturan dasar(rule base) kawin teh" Akang bogoh, Eneng unggeuk, kolot sapuk tinangtu Alloh rido!  
 
Perkawis Bung Hatta...kantos maca dina hiji bukuna inohong ti Bandung. Bung Hatta teh hoyong/ngaharepkeun urang Sunda seueur nu janten papayung di ieu nagri (Indonesia).
 
Ngiring bingah sareng ngawilujengkeun ka Kang AJ mugia langkung jembar!
 
Salam,
 
Porenges

Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Poréngés,

Sigana mah akang mah henteu sadar kana "adagium" dina perkara buku nu unina kieu: "Jalma nu nginjeumkeun buku éta téh jalma bodo, tapi jalma nu mulangkeun buku nu diijeum éta téh jalma siwah...". Eta téh GM nu nyarita, enya maksud téh Gunawan Muhammad, wartawan senior. Teu apal, naha "adagium" GM atawa GM ngan saukur nyutat. Tapi ieu adagium téh geus jadi "kaimanan" para kutu buku. GM nuluykeun "khutbahna" kieu: "Pék bae rek nginjeum naon baé ti imah uing, asal ulah nginjeum buku".

Nyéta atuh, sok keuheul ka anu sok nginjeum buku tapi tara mulangkeun téh. Manéhna teu sadar yén éta buku téh langka, meunang hésé capé néangan. Tapi, sabenerna mah, teu kudu langka baé ari rék ngahargaan buku mah..

Hiji waktu Bung Hatta ambek gedé ka alona pédah si alona téh mulangkeun buku Bung Hatta tapi aya tapak nikelkeun di sababaraha kaca. "Silaing kudu ngagantian buku aing, téangan nepi ka kapanggih buku sarupa kitu, montong datang ka imah aing lamun can kapanggih".

Ku kuring mah éta adagium téh dikeunakeun ogé kana kasét. Keuheul kabina-bina basa babaturan kuring ngaleungitkeun kasét "Turn of a friendly card" Alan Parson Project jeung "Mountains dance" Dave Grusin. Rék ka mana deui néanganana...


Salam,
AJ

brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baheula boga buku "The stupid question and the funny answer", hanjakal aya nu nginjeum teu dipulangkeun deui euy!


.



Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2¢/min or less.


Get your email and more, right on the new Yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke