Baraya...,
poe kamari isuk-isuk dina koran Tribun Jabar poe Minggu aya beja anu matak pikarewaseun jeung pikasediheun, naon sababna bet reuwas jeung sedih...?
sabab dina eta warta/beja ditulis yen salah saurang seniman Sunda anu geus moyan (kang UH) kalibet kana masalah Narkotika tur ka tangkeup di imahna sorangan (digerebeg di daerah pameungpeuk kab. Bandung).
basa ditangkep kunu wajib manehna dibarengan ku 2 urang wanoja urang spanyol (muridna), anu harita keur diajar kasenian Sunda ti kang UH sabab kang UH teh geus kakoncara di mancanagara mah mangrupakeun salah saurang seniman Sunda anu geus moyan malah kungsi tetep tumetep di Inggris salila 3 tahun (pami teu lepat mah) jadi dosen tamu dina widang seni Sunda jeung koreograper tari sunda.

Kunaon cenah kang UH nepi ka luluasan kalibet kana masalah NARKOTIKA...? alesanana mah manehna Stress akibat tina musibah Stunami sababaraha waktu kaliwat nu ngakibatkeun sakabeh pakayana ladang kuli di luar nagreg (sanggar seni BUdah Laut anu di Pangandaran) teh beak dina waktu ngan sakolepat, atuh simpenan di Bank nungtutan beak oge. Tapi sanggeus saliksik leuwih jero geuning ieu kabiasaan teh (nyeseup ganja) teh geus biasa dilakukeun tisaprak manehna keur ngajar di luar nagara (inggris). kunaon bet kitu...?ari alesanana mah cenah keur nimbulkeun insfirasi atawa ngarah konsentrasi lamun keur nyiptakeun/ngarang/ngajar  koreograper....

ehmmmmmmm.....beu nepi ka kitu nya....!!! ck...ck....ck...(hate kuring pacampur ku rasa sedih jeung ambek...)

cag...ah, nuhun. (punten bilih aya nu lepat da ieu teu aya maksad ngabolekerkeun kagorangan dulur sorangan ieu mah keur pieunteungeun urang sadaya......)

"kkbm'69"
-cenah mah di kalangan (naon sundana nya...?) seniman Sunda kang UH teh geus pada dikenal bin geus pada wawuh/dipikawanoh...)

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke