Nu nangtukeun HALAL henteuna mah kudu nanya ka MUI ... heu..heu.. ngan kuring di kantor kungsi sabaraha kali meunang cartridge keur printer atawa Fax, jigana mah suntikan. Padahal bungkusna, kotakna oge hade. Ceuk nu meulina ge eta teh asli... Tapi pas dipake teh, mangsi-na teu cekas..lila garingna.. tuluy ngelay, ngabulaeh. Jadi hasil cetakan ge teu nyugemakeun.
Sihoreng, Cartridge kosong teh sok diareusian deui, dibungkusan, dipak deui make kotak nu jiga aslina. Tuluy dijualan deui ka toko- toko alat komputer. Hargana ge leuwih murah, sanajan toko-na mah ngajual ka urang teh angger-angger we sarua jeung nu aslina. Paingan tiap minggu sok aya nu datang ka kantor teh, manggihan office boy, nu sok rajeun ngumpulkeun cartridge kosong. Digigireun jalan loba geuning nu mareulian cartridge kosong teh. teu nu ku mangsi bae, tapi nu eusina Toner ge dibeulian. Basa kuring tatanya, sihoreng teh enya. Da Cartridge kosong teh geuning aya hargaan komo keur printer2 anu kaluaran ayeuna mah. Cartridge kosong na teh nepi ka 70 rebu hijina dibeulina teh. Dina hiji sisi aya pihak nu diuntungkeun, nyaeta nu ngajual cartridge kosong, jeung cartridge palsu. Tapi disisi sejen aya deui nu dirugikeun nyaeta produsen asli-na jeung nu meuli-na. Jadi ceuk kuring mah, ayana cartridge palsu teh kusabab aya jual beli cartridge kosong tea. Ayana jual beuli cartridge kosong tea, hartina mantuan ayana pemalsuan. Kituw... Tos ah..bisi loba salahna. (bari murintil-murintil, tuluy diaclengkeun...) -dul- --- In [email protected], "Yuliadi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > halah, halah > ulah nepi ka duit leutik jadi matak > heup ah > > -----dikadek luhurna.... > Komo barang alus keneh mah, kahade kuring peupeujeuh, > ulah nepikeun barang teh pindah ka imah bisi kapake > atawa kadahar ku anak pamajikan. > > Punten ah bisi salah > > Jang Emod > **Keur diajar nyingkahan barang kantor pindah ka > imah** > > > > Patarosan kuring; NAHA HALAL DUIT NU DITAMPA KU > > KURING hasil penjualan > > catridge urut eta? > > > > Tah kitu patarosan kuring. Diantos walerana. Mangga > > kang Boim, wa tito, kang > > yudi, kang oman, sareng nusanesna diantos > > pamadeganana. > > > > -- > > Wasalam, > > Durahman > > > > > Elmu tungtut dunya siar, hade turut goreng singlar, mun korupsi burut siah..!!! > > > > > > > > > > _____________________________________________________________________ __________ > Apakah Anda Yahoo!? > Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! > http://beta.id.yahoo.com/ > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

