Kang Malki, di sim kuring mung aya opat buku ngeunaan Islam sareng Sunda.
1.Pergumulan Islam dengan Kebudayaan Lokal di Tatar Sunda/penyunting Cik Hasan Basri, Eva Rufaidah/ Kaki Langit/2005
2.Sundapun Angkat Bicara, Gairah Kesundaan dan Keislaman dalam Politik Kebangsaan/Rohimat Saputra dkk/Panyawangan Press/2005
3.Islam Dalam Kesenian Sunda/Pusat Studi Sunda/2005.
4.Mikung, bertahan dalam himpitan, kajian masyarakat marjinal di Tasikmalaya/Sofyan Samandawai/Akatiga/2001.
Buku no.1 dugi ka 3 ngarupikeun kempelan karangan anu dibukukeun, artikelna aya basa Indonesia, basa Inggris, basa Sunda utamina dina buku no.3
ari buku no.4 eta mah khusus hasil penelitian.
Tamba kawaranan teuing ieu buku buku tiasa diaos, aya deui buku Elmu Politik keur Warga NU/Enas Mabarti/Kiblat/2003
Buku Pupujian, raraosan teh aya mung teu acan kapendak, ke upami aya diwartosan, kitu deui perkawis Husein Djajadiningrat aya mung dina sababaraha majalah, nu aya teh rakana nyaeta Kenang-kenangan Raden Aria Achmad Djajadiningrat, boh basa Walanda boh basa Melayu.
 
 
MSasmita
 
 

Tulungan Penelitian

Posted by: "malki_tea" [EMAIL PROTECTED]   malki_tea

Sun Sep 17, 2006 10:33 pm (PST)

assalamu'alaikum
punten ka saderek manawi gaduh iber, bewara atanapi maklamat,
kalereusan abdi nuju ngadamel penelitian, tapi sanes kangge tesis
atawa disertasi, tapi kangge, ceuk urang dieu mah personal Research,
kumargi abdi gaduh minat kana dunya Islam di alam Melayu-indoensia,
termasuk islam dikasundaan, kantos ngobrol sareng kang Tatang,
supados langkung sae, panginteun saderek-saderek aya saran tur
bewara, tah nu kahiji, urang teh tos uninga ka nami Pangeran Aria
Hussein Djajadiningrat, malah upami teu leupat mah jalmi nu kahiji
nu kenging gelar professor dibidangna zaman walanda, malah jadi
babaturan jeung jang snouck, tapi upami teu leupat asa teu acan
ngadangu jalmi nu nyerat perkawis anjeunna, boh tesis, disertasi
atanapi artikel, khususna kontribusi pamikirannana kana islam tur
kasundaan, atanapi artikel nu ngajentrekeunnana perkawis hayat
hirupna, kantos abdi menakkan di salah sahiji jurnalnu aya
diperpustakaan dimana abdi sakola tahun 1890-an, ngan diseratna dina
bahasa walanda, janteun rada riweuh tah. teras nu kadua, andi rada
ka inspirasi ku pun nini nu ayeuna tos nincak 98-an yuswana, tapi
masih keneh apal kana pupujian, panginteun anjeunna waktos tipayun
talab ilmu ti guruna teh ngange cara ieu, tapi asa teu aya nu
ngayakeun penelitian khususna bidang islamic folklore kumaha
berkembangna islam ku cara ieu, saha nu ngadamel pupujian ieu teh,
naha sami teu pupujian nu aya digarut, ciamis sareng tasik, punteun
kaleureusan abdi bade niliti di tilu kota, pokokna mah seueur lah
patarosan2. kukituna manawi saderek, aya nu kantos ngadangu aya
jalmi nu tos nyerat khususna di IKIP sareng UNPAD, atanapi aya buku,
atanapi manuskrip, bingah pisan abdi ngadanguna, sareng mugia
dibaleus kunu sae. amin. keleureusan, abdi ngayakeun riset nu sanes
dibidangna kumargi kapincut ku perpustakaanana, janteun leubar upami
teu ngariset bidang nu sanes.

sakitu heula
wasalam
malki
 
 
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke