Alhamdulillah,Draf UUD 1945 Basa Sunda parantos dimuat di ieu milis.
Tangtosna gé ti Mang Jamal da harita panitia naroskeun alamat imél
kuncén Kusnét.

Waktos lokakarya di Hotél Gumilang sareng Mang Jamal mah teu (kantos)
pendak. Dina éta lokakarya draf nu diposting di ieu milis téh
diadurényomkeun deui. Seueur pisan nu diéditna, pangpangna lebah
pilihan kecap. Nu ngaluuhan éta acara aya 40 urangna, ti réngréngan nu
sadidintenna "ngulik" basa Sunda. Kusnét gé upami teu lepat mah diulem.

Komentar ti baraya Kusnét kana Draf UUD 1945 urang dugikeun ka
panitia. Nanging nu harita dibahas mah, ti énjing dugi ka sonten téh
nembé dugi ka Pasal 7, sésana cenah dibadamikeun deui minggu ieu.
Hartosna aya 30 pasal deui nu teu acan dibahas.

Nu parantos dibahas (Bubuka + pasal 1-7) insya Alloh urang
postingkeun, da harita nyuhunkeun kopianana ka panitia.

--Dadan Sutisna--






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke