ieu nyanggakeun éditan kahiji UUD 1945 Basa Sunda (hasil lokakarya
dinten Saptu, 16/9/2006)

UNDANG-UNDANG DASAR 
NAGARA REPUBLIK INDONESIA 
TAUN 1945

BUBUKA
Preambule)


Saéstuna kamerdékaan téh hak sakumna bangsa. Ku sabab kitu, penjajahan
di saalam dunya kudu dimusnahkeun, lantaran teu luyu jeung
peri-kemanusiaan jeung peri-keadilan.

Sarta perjoangan pergerakan kamerdékaan Indonésia geus cunduk kana
waktu nu rahayu kalawan berekah salamet santosa nganteurkeun rayat
Indonésia ka gapura kamerdékaan Nagara Indonésia, nu merdéka, ngahiji,
kawasa, adil, jeung ma'mur. 

Ku berkahna rahmat Alloh Nu Mahakawasa kalawan dijurung ku angen-angen
anu luhur sangkan ngahontal kahirupan kabangsaan nu bébas, ku kituna
rayat Indonésia nétélakeun kamerdékaanana.

Saterusna, pikeun ngawangun hiji Pamaréntah Nagara Indonésia nu
nangtayungan sakumna bangsa Indonésia katut sakuliah lemah cai
Indonésia sarta pikeun ngamajukeun karaharjaan umum, nyerdaskeun
kahirupan bangsa, jeung milu ngalaksanakeun katartiban dunya dumasar
kana kamerdékaan, karépéhrapihan abadi jeung kaadilan sosial, nya
disusun éta Kamerdékaan Kabangsaan Indonésia téh dina hiji
Undang-Undang Dasar Nagara Indonésia,  winangun Nagara Republik
Indonésia nu rayatna miboga kakawasaan dumasar kana Katuhanan Nu Maha
Esa, Kamanusaan nu adil jeung beradab, Persatuan Indonésia, sarta
Karayatan nu dipingpin ku hikmah kawijaksanaan dina
Permusyawaratan/Perwakilan, kalawan ngawujudkeun Kaadilan sosial
pikeun sakumna rayat Indonésia.


UNDANG-UNDANG DASAR
BAB I
WANGUN JEUNG KADAULATAN

Pasal 1

(1) Nagara Indonésia téh Nagara Kesatuan dina wangun Republik.
(2) Kadaulatan aya dina cangkingan rayat sarta dilaksanakeun nurutkeun
Undang-Undang Dasar. ***)
(3) Nagara Indonésia téh nagara hukum. ***)

BAB II
MAJELIS PERMUSYAWARATAN RAYAT

Pasal 2

(1) Majelis Permusyawaratan Rayat diwangun ku  anggota Déwan
Perwakilan Rayat jeung Déwan Perwakilan Daérah nu dipilih dina
pemilihan umum nu diatur saterusna ku undang-undang. ****)              
(2) Majelis Permusyawaratan Rayat ngayakeun sidang sakurang-kurangna
sakali dina lima taun di ibukota nagara.
(3) Sagala putusan Majelis Permusyawaratan Rayat ditetepkeun ku sora
panglobana.

Pasal 3

(1) Majelis Permusyawaratan Rayat boga wewenang pikeun ngarobah jeung
netepkeun Undang-Undang Dasar. ***)
(2) Majelis Permusyawaratan Rayat ngistrénan Presidén jeung/atawa
Wakil Presidén. ***/****)
(3) Majelis Permusyawaratan Rayat ngan bisa ngeureunkeun Presidén
jeung/atawa Wakil Presidén dina mangsa jabatanana nurutkeun
Undang-Undang Dasar. ***/****)

BAB III
KAKAWASAAN PAMARENTAHAN NAGARA

Pasal 4

(1) Presidén Républik Indonésia nyekel kakawasaan pamaréntahan
nurutkeun  Undang-Undang Dasar.
(2) Dina ngalaksanakeun kawajibanana Presidén dibantu ku saurang Wakil
Presidén.

Pasal 5

(1) Presidén boga hak ngajukeun rarancang undang-undang ka Déwan
Perwakilan Rayat. *)
(2) Presidén netepkeun aturan pamaréntah pikeun ngajalankeun
undang-undang sakumaha mistina.

Pasal 6
(1) Calon Presidén jeung calon Wakil Presidén kudu warga nagara
Indonésia ti barang lahir jeung teu kungsi jadi warga nagara séjén
lantaran kahayang sorangan, teu kungsi hianat ka nagara, mampuh boh
rohani boh jasmani pikeun ngalaksanakeun tugas jeung kawajiban salaku
Presidén jeung Wakil Presidén. ***)
(2) Sarat-sarat pikeun jadi Presidén jeung Wakil Presidén diatur
saterusna ku undang-undang. ***)

Pasal 6A
(1) Presidén jeung Wakil Presidén dipilih papasangan sacara langsung
ku rayat.***)
(2) Pasangan calon Presidén jeung Wakil Presidén diusulkeun ku partéy
pulitik atawa gabungan partéy pulitik pamilon pemilihan umum saméméh
dilaksanakeun pemilihan umum. ***)
(3) Pasangan calon Presidén jeung Wakil Presidén nu meunang sora
leuwih ti lima puluh persén tina jumlah sora dina pemilihan umum
kalawan sakurang-kurangna dua puluh persén sora di saban propinsi anu
sumebar di leuwih ti satengah jumlah propinsi di Indonésia, diistrénan
jadi Presidén jeung Wakil Presidén. ***)
(4) Upama teu aya pasangan calon Presidén jeung Wakil Presidén nu
kapilih, dua pasangan calon nu meunang sora panglobana kahiji jeung
kadua dina pemilihan umum, dipilih deui ku rayat sacara langsung;
pasangan nu meunang sora rayat panglobana diistrénan salaku Presidén
jeung Wakil Presidén. ****)
(5) Tata cara ngalaksanakeun pemilihan Presidén jeung Wakil Presidén
saterusna diatur dina undang-undang. ***)

Pasal 7 
Présidén jeung Wakil Présidén nyangking jabatan lilana lima taun,
sarta sabadana bisa dipilih deui dina éta jabatan, ngan keur sakali
mangsa jabatan. *)

Pasal 7A        
Presidén jeung/atawa Wakil Presidén bisa dieureunkeun dina mangsa
jabatanana ku Majelis Permusyawaratan Rayat dumasar kana usul ti Dewan
Perwakilan Rayat, boh saupama kabuktian ngalanggar hukum, mangrupa
hianat ka nagara, korupsi, nyogok, atawa milampah tindak pidana beurat
lianna, milampah codéka, boh saupama kabuktian teu nyumponan pasaratan
deui salaku Presidén jeung/atawa Wakil Presidén.

Pasal 7B
(1) Usul ngeureunkeun Présidén jeung/atawa Wakil Présidén bisa
diajukeun ku Déwan Perwakilan Rayat ka Majelis Permusyawaratan Rayat
kalawan ti anggalna kudu ngajukeun heula pameredih ka Mahkamah
Konstitusi pikeun mariksa, ngadilan, jeung mutuskeun pamanggih Déwan
Perwakilan Rayat yén Presidén jeung/atawa Wakil Presidén geus
ngalanggar hukum mangrupa hianat ka nagara, korupsi, nyogok, tindak
pidana beurat lianna, atawa milampah codéka; jeung/atawa sawangan yén
Presidén jeung/atawa Wakil Presidén geus teu nyumponan pasaratan deui
salaku Presidén jeung/atawa Wakil Presidén. ***)
(2) Pamanggih Déwan Perwakilan Rayat yén Presidén jeung/atawa Wakil
Presidén geus ngalanggar hukum atawa geus teu nyumponan pasaratan deui
salaku Presidén jeung/atawa Wakil Presidén téh nyaéta dina raraga
ngalaksanakeun fungsi pengawasan Déwan Perwakilan Rayat. ***)
(3) Ajuan pameredih Déwan Perwakilan Rayat ka Mahkamah Konstitusi ngan
bisa dilaksanakeun upama meunang pangrojong ti sakurang-kurangna 2/3
jumlah anggota Déwan Perwakilan Rayat anu hadir dina sidang paripurna
nu dihadiran ku sakurang-kurangna 2/3 jumlah anggota  Déwan Perwakilan
Rayat. ***)
(4) Mahkamah Konstitusi wajib mariksa, ngadilan, jeung mutuskeun
saadil-adilna kana éta pamanggih Déwan Perwakilan Rayat saelat-elatna
salapan puluh poé ti saprak pameredih Déwan Perwakilan Rayat téa
katarima ku Mahkamah Konstitusi. ***)
(5) Upama Mahkamah Konstitusi mutuskeun yén Presidén jeung/atawa Wakil
Presidén kabuktian ngalanggar hukum boh saupama kabuktian ngalanggar
hukum, mangrupa hianat ka nagara, korupsi, nyogok, atawa milampah
tindak pidana beurat lianna, milampah codéka, boh saupama kabuktian
teu nyumponan pasaratan deui salaku Presidén jeung/atawa Wakil
Presidén,Déwan Perwakilan rayat ngayakeun sidang paripurna pikeun
neruskeun usul marénkeun Présidén jeung/atawa Wakil Présidén ka
Majelis Permusyawaratan rayat. ***)
(6) Majelis Permusyawaratan Rayat wajib ngayakeun sidang pikeun
mutuskeun éta usul Déwan Perwakilan Rayat saelat-elatna tilu puluh poé
ti saprak éta usul katarima ku Majelis Permusyawaratan Rayat. ***)
(7) Putusan Majelis Permusyawaratan Rayat dumasar kana usul
ngeureunkeun Presidén jeung/atawa Wakil Presidén kudu diputuskeun dina
rapat paripurna Majelis Permusyawaratan Rayat nu dihadiran ku
sakurang-kurangna 3/4 jumlah anggota kalawan disaluyuan ku
sakurang-kurangna 2/3  jumlah nu hadir, sabada Presidén jeung/atawa
Wakil Presidén dibéré kasempetan pikeun méré penjelasan dina rapat
paripurna Majelis Permusyawaratan Rayat. ***)
----------------------------------------------
>>> Nembe dugi ka dieu ngabahasna <<<<
----------------------------------------------

Catetan ti nu nyemplungkeun:
Basa lokakarya UUD '45 Basa Sunda (nu tacan réngsé téa) teu wudu matak
pakungkengan. Nu rada hésé téh: UUD '45 Basa Sunda kudu "nyunda" tapi
teu ngaganggu kontéks komo ngarobah substansi mah. Atuh kadangkala mah
ngahunted heula dina hiji kecap; cék itu kitu, cék ieu kieu.
---------------------------------
... peri-kemanusiaan jeung peri-keadilan. (Bubuka aliné kahiji)
---------------------------------
cék Kamus Besar Indonésia mah "peri" téh hartina "hal; sifat". Mun
disundakeun jadi "hal-kamanusaan jeung hal-kaadilan" asa rancu cenah.
Mun kecap "peri" dileungitkeun jadi "kamanusaan jeung kaadilan"
hartina bisa jadi béda. Tungtungna ditulis aslina, ngan nulisna
dicondongkeun.
---------------------------------
... Sarta perjoangan pergerakan (Bubuka alinéa kadua)
---------------------------------
boa engké mah rarangkén "per – an" jeung "pe – an" téh baris
diasupkeun kana basa Sunda. Dina basa Sunda mémang teu ilahar aya
kecap nu maké rarangkén "per – an" saperti pertanian, pertambangan,
perkebunan, perumahan, perusahaan, perkomputeran, pengawasan, jsté.
Tapi mun éta kecap disundakeun asa ningnang deuih, piraku jadi
patanian, patambangan, pakomputeran; pan asa teu ilahar. Dina UUD '45
Basa Sunda, cenah rarangkén "per – an" rék diasupkeun. Tapi duka
kétang engkéna mah, da can final.
---------------------------------
... dumasar kana Katuhanan Nu Maha Esa (Bubuka alinéa kaopat)
---------------------------------
>> cik, kumaha numutkeun wargi Kusnét?
---------------------------------
... Nagara Kesatuan dina wangun Republik (Pasal 1 ayat 1)
---------------------------------
>> "kahijian" teu ilahar; "kabeungkeut" mah piraku; "kamanunggalan"
arhaik pisan; "kasatuan" apan "satu" téh basa Indonésia. Tungtungna
"Nagara Kesatuan" mah (engkéna) rék dianggap ilahar dina basa Sunda;
siga "Déwan Pertimbangan" henteu jadi "Déwan Tinimbangan".
---------------------------------
.... dipilih dina pemilihan umum (Pasal 2 ayat 1)
---------------------------------
"pemilihan umum" gé rék dihiap kana basa Sunda. Mun diganti jadi
"pamilihan umum" hartina jadi "sésa umum" sabab "pamilihan" dina basa
Sunda hartina "sésa". Aya nu ngusulkeun "pilihan umum" tapi cenah can
pati ilahar.
---------------------------------
.... saupama kabuktian ngalanggar hukum, mangrupa hianat ka nagara,
korupsi, nyogok, atawa milampah tindak pidana beurat lianna (Pasal 7A)
---------------------------------
"nyogok" cék kamus Sunda hartina "ngasupkeun barang nu panjang kana
liang".  Naha mun "nyogok" liang paralon kaasup tindak pidana? Kungsi
ngasongkeun pamanggih yén dina basa Sunda aya kecap "ngongkos" nu
hartina sawelas-duawelas jeung korupsi. Teu ilahar cenah. Bisa jadi
ayeuna mah kecap "nyogok" téh hartina ngalegaan jadi "sabangsaning
korupsi".
---------------------------------
...mariksa, ngadilan, jeung mutuskeun pamanggih (Pasal 7B)
---------------------------------
"ngadilan" bisa jadi can pati ilahar; hartina "mengadili".

Mangga, bilih aya kamandang ti nu sanésna (meungpeung teu acan disahkeun).

---Dadan Sutisna---      







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke