--- malki_tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> hatur nuhun kana sagala maklamat ti kang Sasmita atanapi ti kang mh, 
> atuh insya allah, upami ke ka garut, bade nyimpang ka pupuhu sunda, 
> sapertos nu diwartoskeun nembe, abah Surya, atuh mugia sing enggal 
> damang, mugia tiasa pateupang sareng abdi, sareng kanu sanesna. 
> teras ka kang sasmita, hatur nuhun upami tiasa ditambut bukuna.
> dupi eta kalawarta "pusaka sunda" dimana milarina?

aya catetan sakedik, kecap "maklamat" asa karek manggih, ditoongan na
kamus sunda, weleh teu katimu. dina kamus malayu, aya kecap "matlamat",
"maklamat" sarta "maklumat". dua kecap nu kahiji hartina "tujuan", ari nu
kadua maksudna "informasi". jigana mah kecap "maklamat" dina kontek
kalimah diluhur leuwih cocog disubstitusi ku kecap "maklumat". 

pikeun info, "pusaka sunda" teu sagemblengna nyaritakeun sosok "Hussein
Djajadiningrat", ngan dina eta kalawarta aya sababaraha tulisan nu aya
pakaitna sareng anjeunna. Salian ti eta anjeunna teh pamimpin redaksina.
Jadi paling heunteu bisa ditoong kumaha ketakna. 

eta kalawarta teh geus "bulukan", hehehe, da puguh terbit jaman walanda
taun duapuluhan. tangtu di perpustakaan nasional jakarta mah aya. ngan
versi digitalna mah aya di kuring. salinan versi digitalna dititipkeun oge
di bandung, di ua sasmita sareng kang oman. sabab kiwari eta kalawarta teh
keur digarap, ditanskripsi ulang ku baraya sabalad-balad pikeun
di-online-keun. upama perlu mah nyimpang we ka mantin ns, bejana kang
malki teh aya di tanah malaya nya. 

salam,
mh


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke