Waalaikum salaam
 
Satuju pisan kang, panitia saena nyayogikeun potongan kertas  sareng pangrapetna . Keun we sina nulis masing masing namina. Nu rumaos  seratanna awon ,nya  tiasa dipangnyeratkeun ka panitia (kitu oge upami seratan panitiana  sae). Nya lah paling henteu tulisan nami masing masing kabaca.
Kangge nu sok nyempod kedah ati ati , di Keresek mah seueur uka -uka. Engke bakal aya anu nyarengan nyempod... iiiyy.
Irah atuh jantenna HBH na teh? . Ping sabaraha ?, jam sabaraha ?, dimana alamat anu jelasna.
Oh muhun, engke teh ulah hilap  oge panitia ngadamel petunjuk jalan ka tempat HBH. Supados teu sarasab.Ti kulon  di pasangna ti kawit  Banten , ti wetan ngawitan ti Banyuwangi. . ..., ti kaler ti laut Jawa, ti kidul ti laut kidul, ti luhur......ti handap, teras nyiduh saeutik  cenah... terasna.... cenah teu waras!!! ( jadi inget keur budak). He..he..he

[EMAIL PROTECTED] wrote:

Assalamualaikum Wr. Wb.

Sapaliwat Abdi kungsi maca imel ti Kang Ndoell, ngeunaan HBH di Garut. Rumasa jadi jalma kiper. Sok sanaos masih sasasih keneh, malihan mah sasasih langkung, seja bade masihan usul we hususon kanggo panitia HBH.

Kumaha pami panitia nyayogikeun sarupaning "name tag", kanggo baraya US nu dongkap. Sanes kunanaon, supados proses 'wawanohan' katut silaturahmi na langkung anteb. Supados teu poekeun teuing saha-sahana. Da Abdi mah rumasa teu terang rupi sadaya baraya US, kitu deui baraya US teu sadayana terang rupi Abdi. Katambah Abdi mah sok inggisan bin eraan. Nyempod we jigana teh di juru, ngarasa taya nu wawuh, jiga waktu kopdar di Subang tea.

Ketang eta oge mung saukur usulan. Disatujuan atanapi henteu na mah kumaha panitia. Sarengna deui tacan tangtos Abdi dongkap henteuna kana eta acara. Nanging, pami aya widi ti Alloh mah insya Alloh dongkap.

Mangga ah....



Baktos,
OTA  


How low will we go? Check out Yahoo! Messenger’s low PC-to-Phone call rates. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke