Muhun kang .... nu agama islam teh ti suku Patani namina , malihan mah seueur nu ngadon sakola di bandung, margi kapungkur simkuring gaduh rerencangan urang Patani, malihan mah kantos aya urang patani nu pupus di bandung duka nuju ngiringan pendidikan wanadri/sar kitu ? naon nya asana teh, hilap deui ......!!
hatur nuhun....
......YanTo......
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Maca koran poe ieu, cenah Jenderal Sonthi Boonnyaratglin, nu
ngagulingkeun PM Thailand, Thaksin, agamana Islam. Rada kerung
oge maca ieu warta, sabab di Thailand urang Muslimna ngan 4% ti
populasi, da seuseurna agamana Budha. Kitu oge konsentrasina aya
di kidul, deukeut tapel wates jeung Malaysia.
Di Thailand, nu kawasa pisan mah sabenerna Raja. Sagala ucapan
Raja ditarurut ku Rakyatna. Rakyat hormat pisan ka Raja. Waktu
kudeta tahun 1985, kabeneran kuring keur diditu, nu kudeta teu
disaluyuan ku Raja. Eta kudeta umurna ngan ukur tilu poe. Sang
Kolonel nu ngudeta jeung PM nu dikudeta, alandeprok payuneun raja
bari acong-acongan nyembah. Sang KOlonel diusir ka Luar Negeri,
PM nu dikudeta tetep kawasa. Thailand aman deui, jiga euweuh
nanaon.
Beda jeung ayeuna, kudeta ieu sigana disaluyuan ku Raja. Jendral
Sonthi cenah mah deukeut pisan jeung raja. Raja Budha ngahiji
jeung jendral Muslim, ngagulingkeun pangawasa nu oge pangusaha
jegug jeung sigana mah katurunan Tiong Hwa. Di Thailand beda
jeung di urang, Urang Tiong Hwa ngahiji jeung urang pribumi, teu
bisa dibedakeun. Aya sababaraha PM Thailand nu katurunan Tiong
Hwa. Malah lamun teu salah mah, aya PM Thailand istrina teh urang
Bogor katurunan Tiong Hwa. Atuh waktu ka Indonesia istri sang PM
teh disuguhan beuleum peuteuy ku Jendral Edy Sudrajat ....
Baktos,
WALUYA
Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

