Sapuk sareng Kang Surtiwa...,

Hubungan sebab akibat antawis autis sareng yuswa (aki-aki atanapi nini-nini) sacara langsung, numutkeun pamadegan Abdi mah teu aya. Pami hubungan sebab akibat sacara teu langsung mah, sakumaha diserat ku Kang Surtiwa dihandap, panginten aya leresna oge.

Abdi kungsi maca dina salah sahiji situs yen cukang lantaran panyakit autis nyaeta faktor genetik (keturunan) nu dipicu oge ku faktor pemicu misalna we karacunan logam-logam berat, sapertos timbal (Pb), raksa atanapi mercury (Hg), oge cadmium (Cd). Ieu mah ceuk cenah, da Abdi sanes dokter. Tong boro Abdi nu masih awam, dokter oge masih madungdengkeun cukang lantaran eta panyakit autis teh.

Cindekna mah, pami Teh Silvi Dewi atanapi Teteh-Teteh nu sanesna bade milari aki-aki kanggo rencang hirup (soul mate) Teteh, tong ham-ham tong hariwang, tong kasieunan bilih putra-putrina engkin keuna autis....heuheuheu heureuy Teh....

Heup ah....



Baktos,
OTA
*** Untung can jadi aki-aki, masih keneh buta tulang buta daging deuih...
   


"surtiwa surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

09/22/2006 09:52 AM

Please respond to
[email protected]

To
[email protected]
cc
Subject
Re: [Urang Sunda] ati-ati ka aki-aki?





Eta rada kirang dijelaskeun mekanisme kumaha anak aki2
gaduh kacennderungan putra/i autis, lantaran nu
nyebabkeun autis tanapi oge Asperger syndrome teu
ditearangkeun. Tapi upami urang rajin ningal ka tempat
pengobatan/latihan anak autis di Indo, eta anu gaduh
putra/i autis teh sanes aki2 wae . Kunaon kitu ?
Meureun kieu;

Ampir sadaya barudak penderita Autis atanapi Asperger
syndrome ngadauhan kadar kandungan "logam berat" cukup
luhur, utamina ;
Plumbum (Pb, a/l tina asap knalpot), Cadmium (tina
insektisida sayuran/buah2an) jeung mercury (tina
vaksiin anu ngandung timerosal). nah barudak anu
kakarek umur 3 tahun tapi Autis tias kulantaran
darahna lungsur ti Ibu apa na anu parantos lami hirup
(nyaeta aki2 tea) anu langkung seueur ngahirup zat2
eta. Kumaha ari ortu anu relatip mgora ? Yah ieu mah
urang kota anu sadidinten keuna kupaparan Pb sareng
rajin ngagares sayuran anu ngandung logam berat (non
organik plus anu dirawat ku peptisida tea). Janten teu
aneh lamun ningal putra Autis tna pasangan anu
ngarora.

saleresna aya oge sebab sanes anu tiasa budak tiasa
autis, nyaeta lamun kolotna, anu ngasuhna, atanapi
dibumi sepi, sunyi. Budak teh teu aya media
komunikasi. jempoling sapopoe...eta oge cikal bakal
Autis. matak lamun gaduh istri
bawel..ngolontrang...pembantu gandeng ka budak...bumi
rame...kuobrolan..insya Allah moal aya budak Autis.




__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke