Ceuk warta, poe ayeuna Atambua NTT rusuh/ribut, protes pedah Tibo Cs 
dieksekusi. Kuring boga panineungan ka eta kota, enya 
apan "cecerpenan"  kuring, nu nyebut Atambua, dimuat ku Cupumanik. 
Atambua kota tapel wates jeung Timor Timur, Mayoritas agamana 
Katholik ayeuna kacow, pasar, hotel diduruk, malah aya imah ibadah 
(masjid?) oge dirusak, panjara dijebol tepi ka Napina kalalabur.

Heueuh, ari dipikir mah, hukum lamun teu wijaksana ngalaksanakeunana, 
malah jadi kontra produktif. Kasus Tibo Cs, nu anggapan "urang 
Jakarta" mah kriminal biasa, ditafsirkeun lain ku urang Atambua. 
Akhirna lain mareuman kaributan Poso, malah mucunghulkeun "seuneu" 
ditempat sejen.

Di ATambua kuring sok dahar teh di Rumah Makan Padang. Sihoreng anu 
bogana teh urang Indramayu ngan pamajikanana urang Padang. Ceuk 
manehna, tadina manehna teh di Dilli, sarua muka Rumah Makan. Maju, 
cenah Rumah Makanna teh. Ngan hanjakal Dilli rusuh jeung jadi misah 
nagara. Manehna ngungsi ka Atambua, bari mawa rajakaya nu kabawa, 
tapi ari lolobana mah ditinggalkeun di Dilli. Di Atambua, nyewa imah, 
dipake deui nyieun Rumah Makan, sanajan nyelempet dinu singkur. 
Manehna rumahuh Rumah Makanna henetu sapayu di Dilli. Tapi dalah 
kumaha, nya dipaju we, da teu mungkin balik ka Jawa, da geus teu boga 
lembur. 

Jalmi samodel si Akang urang Indramayu ieu, seueur di Atambua. Tah 
ayeuna urang Atambua "asli" keur ngamuk, sasaranana cenah oge kaum 
pendatang. Deudeuh teuing ......Indonesia!

Baktos,
WALUYA








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke