Sae tah usulan ti Abah Joe teh. Mung nya kitu tea, numutkeun implengan Abdi, murangkalih ayeuna komo nu palinter mah study oriented na teh tos benten. Seuseueurna, siswa-siswa SMA nu kalebet the best di sakolana tiasa dipastikeun ngagaduhan cita-cita neraskeun sakola ka PT nu favorit kalayan jurusan-jurusan nu bergengsi.
Punten sanes maksad Abdi ngarendahkeun universitas pasundan, siliwangi, pakuan sareng sabangsana...teu pisan-pisan....
Aranglangka oge siswa-siswa SMA nu kalebet the best tea, neraskeun sakola nyandak jurusan-jurusan nu neuleuman ngeunaan sunda jeung kasundaan. Hal ieu dibuktoskeun ku handapna passing grade jurusan-jurusan eta dibandingkaeun sareng passing grade kedokteran, teknik informatika, teknik elektro, atanapi teknik kimia....
Baktos,
OTA
*** Mantan siswa SMA nu teu nyakola ngeunaan kasundaan
| "mangsinggih"
<[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected] 09/26/2006 10:29 PM
|
|
kedahna mah universitas padjadjaran, pasundan, tarumanagara, pakuan, siliwangi, singaperbangsa, jrd mayar royalti ka urang sunda, da parantos ngangge nama simbol-simbol kasundaan hehehe....
=======================
Usul sae. Mung "mayar royalti-na " teu kedah ku artos. Murid SMA nu angka ujian akhirna nu paling alus sa Tatar Sunda meunang miih jang asup ka PT nu disebat tea. Mayar uang sekolah 10 %, malah mun bisa mah haratis. Tapi lain haratis ti PT-na, tapi aya US nu beunghar, nyakolakeun eta budak nepi ka lulus ti PT. US nu beunghar nu sejenna pangmayarkeun "kos"-na. Lebar eta budak uteukan mun teu diteruskeun sakolana ngan ukur pedah ku teu boga ongkos. Mun hayang US maju, eta salah sahiji jalanna. Hayu urng mimitian ku Perceka. Euweuh saorang US nu beunghar nu nulung, boa 50 atawa 100 US nu boga leuleuwihan saeutik urang kumpulkeun di Perceka. wadahna geus aya Yayasan Perceka ngan kari ngamimitian. Sok saha nu rek ngamimitian, engke sim kuring ngiringan. Ayeuna mah keur gering sim kuring teh ku panyakit kutud !. Asana teh teu pararuguh, jauh-jauh ka Amrik ngadon kutud. Nyaho kieu rek cicing we di Cicalengka, da geuning ari kutud mah boh dilembur boh dipangumbaraan, malah dinagara nu pang maju jeung pang beungharna sarua wae. Nya eta saruana rea ngegel curukna!
Abah Joe._,___
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

