--- In [email protected], "awan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >ngiring bingah tiasa silaturahmi sareng akang
1. yu urang ngawitan ti diri urang nyalira nyarios basa sunda, teras ka sabudeureunuran anu paling caket misalna di kulawargi, teras di tempat damel, kaleresan abdi mah dilingkungan padamelan seueur nu nyarios sunda janten teu patos sesah ngagunakeunna sadidinten, tapi nya kadang di kantor ge aya nu sanes urang sunda, urang kadang teu tiasa maksakeun nu sanes urang sunda nyarios sunda,keuclai anjeunna parantos lami sareng aya kahoyong nyarios sunda urang ajaknyarios basa sunda, sakatiasa anjeunna. 2.kadang urang teu tiasa ngalepatkeun kitu wae, margi kadang di bumi ge ku urang dibiasakeun nyarios sunda, sumping ka sakola, aranjeunna kacandakkeun ku rerencanganana nyarios basa gaul panginten (ieu kaalaman ku pun rai, da di bumi mah tara nyarios indonesia..nu aya mah nini abdi wae urang jerman nyarios basa sunda, atanapi basa inggris atanapi basa jerman (pami nuju bendu, sawios ah da teu ngartos, janten teu nyeri hate diseuseulan ku pun nini mah), tapi pun rai kacandakkeun rerencanganana nu kaleresan seuseueurna urang jakarta, atos we sumping ka bumi janten nyarios elu-gue, waduh pun biang mah sok bendu.tapi da kumaha?ku abdi mah sok dipaksakeun anjeunna kedahnyarios sunda..ari akaalaman ku putra nyalira, di bumi nyarios sunda, di sakola seuseurna orang padang sareng urang batak, atos we lapur murangkalih abdi ge janten kapangaruhan). nyapanginten nu paling penting mah, kedah dingawitan bangga nyarios basa sunda ti ngawitan diri urang nyalira we panginten, abdi mah kapungkur nembe tiasa basa indonesia eta ge bari kadang kaceplosan basa sunda, yuswa 5 tahun..jujur lebeng teu tiasa nyarios basa indonesia, nembe pas lebet sakola...eta ge teu langsung lancar.panginten nuju kapungkur mah lingkungan sabudeureun urang ge seueur nu ngagunakan basa SUnda, tah panginten ayeuna tos ngawitan kirang digunakan ku papada rumaja urang, panginten seueur faktorna...mung pami di kampung abdi mah marasih keneh nyararios basa sunda murangkalihna. yu atuh urang ngawitan ngamumule ti urang nyalira we nya panginten. > Nepangkeun kasadayana abdi pun Awan jajaka Banjar. > > Abdi gaduh kereteg hate: > 1. Iraha Urang Sunda tiasa tur biasa ngagunakeun basana bener, merenah > tur genah kakupingna? > 2. Upami rumaja jaman ayeuna teuacaan tiasa tur teu biasa ngagunakeun > basa sunda eta teh lepat saha? urangna kedah kumaha? > > Hatur nuhun > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

