Hatur nuhun..., leres pisan .. tangtos moal sadaya wargi Kusnet tiasa ngaluuhan kana eta acara.......sareng diantawis anu teu tiasa sumping aya oge anu panasaran, hoyong uninga kaayaan dina waktos HBH.
Ananging kitu, upami tea mah video rekamanana dialungkeun ka Babakan tangtos, moal kasaluyuan ku sadaya wargi, ninggal ageungna file HBH.
Kumaha yeuhh Pananata Calaga....??, naha bade dijaprikeun bae kanu pesen rekaman Video HBHna...??? atanapi kumaha...??
Teu langkung.......
ssw
Baraya,
Kaci nya ngarewong. Hehehe.
Aya beja rek aya riungan HBH nya. Asa kabita mun kongang mah hayang milu.
Najan kitu, najan can tangtu kahayang teh laksana, nya meureun bejana mah hayang we noong.
Tah ngarah baraya nu teu bisa datang, jiga kuring, bisa noong, cik atuh sing rapekan, sadiakeun PANOONGAN. Lain ieu teh geus jaman IT, hehehe. Nyanaon hesena upama diselapkeun di situs KUSNET wawaran HBH. Naon tah acarana, dimana tah tempatna, iraha tah waktuna, saha tah paniciana, jeung sajabana ti eta.
Nuhun ka panicia, hampura direwong.
salam,
mh

