Muhun kitu, Mang Dudi... Baheula SMA Haurpanggung, terus jadi SMA Garut (?), terus jadi SMAN 1 Garut. Pas kuring lulus, kusabab parobahan kurikeuleum, ngaranna ganti jadi SMUN 1 Garut. Terus, kusabab "desentralisasi", ngaranna dirobah deui jadi SMUN 1 Tarogong. Mani lieur nya... Kabayang mun kudu ngalegalisir ijasah, sabab ngaran SMA 1 Garut teh ayeuna mah dipake ku SMA 3 Garut baheula.

Kuring mah Garutna teu jauh ti eta SMA, Mang, deukeut bunderan Leuwidaun anu aya tugu Siliwangi (tentara & maung Siliwangi, lain Prabu Siliwangi, hehe...)

Ka guru2... geus les2an puguh ge, poho deui ngaran2na...

On 27/09/06, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baheula mah lain Smansa atuh sakola Sony jeung Kumincir teh ( Nyebut ngaran we nya teu nanaon ). Baheula mah SMA Haurpanggung. Ayeuna mah SMA 1 Tarogong lain?.
Akang oge alumnus ti dinya. Ngan waktu akang lulus , Sony mah mungkin kakara umur 2 taun , komo Kumincir mah, boa can lahir. Adi akang wae anu bungsu, beda jeung akang teh 15 taun, mun teu salah saangkatan jeung si Oneng. Mungkin Sony  kenal ka adi akang ngaranna Erna Herliasih. Akang mah alumnus taun 75. Aya  babaturan akang saangkatan nu  ngajar di Smansa teh , guru matematik Pak Wawan jeung pak Dadang.
Sony baheula mah aya organisasi mahasiswa ITB asal Garut  ngaranna BEG ( Beta Epsilon Gamma), tapi sanggeus kira kira 3 atawa 4 taun dihandapeun angkatan akang, kiprah BEG   melempem , nepi ka teu hanteuna. Duka kumaha ayeuna.



--
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke