Para wargi bilih aya nu peryogi !
 
1.      AYAK
a.     Saméméh ditinyuh, tipung téh diayak heula. (misahkeun nu badag ti nu lembut)
 
b.      Lamun patugas hukum geus teu jujur, tunggu bakal ayak-ayak béas, nu badag moncor nu lembut nyangsang. (nuduhkeun kaayaan nu teu sawajarna, nu dihukum téh nu teu pira kasalahanana, ari nu gedé dosana bébas tina hukuman)
 
c.     Piraku rék meunang bati gedé, pira gé ukur balantik boboko. Pan cenah geuning ayakan mah tara meunang kancra. (usaha ku modal leutik, hasilna / batina ogé moal gedé)
 
d.    Meunang sabaraha kibik pangayakan keusik téh, Mod ? (sésa ngayak)
 
e.     Kuring mah teu nginjeum pangayakan da. (parabot paranti ngayak)
 
 
2.      ATEUL
a.    Tong nyoo caruluk, sok ateul ! (rasa, dina kulit, upama dicoco reungit)
 
b.      Ulah sok ngadongéngkeun rusiah ka si Suti, jelema ateul biwir manéhna mah. (salawasna kerenyeng hayang waé nyarita, najan teu perlu)
 
c.       Ari nénjo kalakuan silaing kitu téh sok térus ateul leungeun déwék mah. (kerenyeng hayang nampiling, sabab nénjo nu pikasebeleun)
 
d.      Paingan mani rétép, da loba sireum ateul geuning. (sireum lembut semu beureum, ana nyoco sok bentol)
 
e.       Naha sireum ateulan kieu nyieun comro téh ! (teu sarua gedéna dina barang jieun; atawa teu adil)
 
f.        Urang lembur ieu geus pada apal ieuh, si éta mah tukang ngaliarkeun taleus ateul. (nyebarkeun kagoréngan)
 
g.       Babad waé dapuran taleus ateul téh, da teu ka arah hasilna ieuh. (taleus jarah, geutahna matak ateul)
 
 
Emod


Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
 
 


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke