fotona nyaeta nu sateuacana dibahas ku urang, bah. Nyaeta ngeunaan "STAR TRAIL" nu aya di cover majalah science jeung foto-foto startrail sejena nu diposting saatosna. Dina postingan awal thread email ieu kuring naroskeun ngeunaan 4w+1H garis edar bintang nu aya di foto (startrail).

4w+1h=what, where, why, who + how

On 26/09/06, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Hanjakal kuring teu bisa ningali fotona. Tapi sigana leres ceuk kang Dudi,
saleresna sanes bentangna nu pindah, tapi bumina anu muter. Anologina sareng
panonpoe. Panonpoe pan "siga" muter, mucunghul ti beulah wetan titeuleum ti
beulah kulon. Tapi eta ukur rarasaan, padahal bumi anu muter. Ieu mah lir
ibarat urang tutumpakan, contona lamun tumpak Kareta Api heug ningali
kaluar, pan tiang telepon jeung tatangkalan nu kaciri "lalumpatan" teh.

Dina astronomi aya peta bentang di langit. Peta bentang ieu gumantung kana
waktu (jam/ bulan) sareng posisi nu ningali (lintang sareng Bujur). Bentang
sami jeung panonpoe, posisi di langit gumantung kana waktu jeung posisi nu
ningali. Contona panonpoe ayeuna di bulan September keur aya di "kaler"
upami urang aya di Khatulistiwa. Tapi upama urang di Kutub, panonpoe
mucunghul terus di musim panas (beurang terus), jeung teu nolol-nolol di
musim tiis (peuting terus).

Upami katarik? mangga tatanggahan ka langit. Tingali Venus jeung Mars
(sanajan ieu laen bentang tapi planet, tapi keun we da sarua benda langit).
Venus nu paling jelas mah. Venus aya jadwalna. Lamun pas jadwal, Venus sok
miheulaan katingali memeh panonpoe titeuleum palih wetan. Upami subuh Venus
sok katingali di palih kulon. Mars oge sami ( warnana paling beureum). Upami
bentang (tiasa dibedakeun tina cahayana, bentang mah kikiceupan, ari planet
mah henteu) tingali gugus bentang tujuh (bentukna tiasa ditingali dina obat
puyer bentang tujuh). Ayana gugus bentang tujuh di beulahan langit beulah
kaler. Gugus bentang tujuh, sok dianggo nanggtukeun arah kaler. Posisi gugus
bentang tujuh di langit, teu sami tiap jamna.

Ari di beulahan langit palih kidul mah, aya nu disebat gugus bentang salib
(tambah, positif). Gugus bentang salib sok dianggo nangtukeun arah kidul.
Upami nu tos apal, gugus bentang ieu posisina rada nyerong ka wetan, lamun
sore keneh, tapi ka subuhna keun, rada nyerong ka kulon.

Patani di urang oge sakapeung sok ngagunakeun bentang, keur tatanen. Gugus
bentangna teh disebut bentang wuluku. Ngan kuring teu apal kumaha carana.
Aya nu terang?


--
Wasalam,
Durahman __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke