Baraya, Seja neruskeun noong kamus Sunma (LBSS). Nalika kuring nitenan kamus LBSS, tetela dina eta kamus teh teu aya entri nu aksara awalna "Q". Kunaon nya? Meureun aya sababaraha asumsi, nu ngalantarankeun entri "Q" teu di-buku-rusdi-keun. Bisa saji, kecap nu dimimitian ku aksara "Q" dianggap lain kecap pituin urang Sunda. Mungkin oge, urang Sunda dianggap letahna balelol upama ngucapkeunana. Nu pastina mah duka teh teuing.
Upama ninggali ilaharna kamus, biasana eusina salian kumpulan kecap-kecap nu dianggap pituin basa wewengkon, aya oge kecap serepan ti basa wewengkon sejen. Upama kitu jigana nu dipake alesan meureun asumsi nu kadua. Yen letah urang Sunda teu paseh ngecapkeun aksara nu awalna "Q". Tah ayeuna kuring rek tumanya ka balarea: 1. Naha enya urang Sunda teu bisa ngucapkeun aksara "Q"? 2. Perlu teu kamus Sunda ka hareup ngasupkeun entri "Q"? Cing ah, geura barahas. Ieu mah itung-itung rek mapag kamus Sunda nu rek medal tea. Jigana padungdengan ieu bisa jadi asupan pikeun para inohong nu nyusun kamus. Kuring aya sababaraha argumen, yen entri "Q" kiwari jigana geus rada "wajib" asup kana kamus Sunda. Ke we urang dongengkeun deui, upama tos aya asupan ti balarea. salam, mh ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

