|
Cibiuk taun 1973
Panon poe geus tunggang gunung. Disisi lembur
Cibiuk geus ngaderet puluhan lodong karbit. Unggal taun geus jadi kabiasaan
mangsa bulan puasa datang sok diayakeun ngadu karbit jeung musuh
bubuyutanana, lembur Cihantap.
"Taaa...eta karbitna geus dipekprekan acan?"
Suadma ngagorowok
"Nya teu kadeleh ku sia. Ari itu dina blek!"
Tembal Suanta curukna nunjuk ka kaleng urut, anu jerona pinuh ku karbit meunang
meprekan sagede gede siki jambe. Ari karbitna geus matuh meunang meuli ti
warungna bah Acun.
"Gancang geura eusian, tuh batur mah geus dar der
dor. Jumad ari sia bet ngajentul wae cik atuh bantuan Suanta!" Suadma
paciweuh.
Dor! Dor! Dor ! sora lodong ti lembur Cihantap
mimiti kadenge dituntungan ku ngajelegurna sora lodong anu dijieun tina
tangkal kawung. Sorana agem nandingan sora guludug. Ger surak euyah euyahan.
Hawar hawar kadenge aya nu hohoak bari satengah ngajejeleh.
"Suadmaaaaaa.....lebok tah ku
siaaaaaa!" Sora Sukinta dedengkot lembur
Cihantap. Suadma kontan ngagidir.
"Suantaaaa...geuwat geura seungeut..!" ceuk
Suadma siga nu geus teu sabar. Teu diengkekeun deui Suanta langsung
neuleumkeun cocolok kana minyak, sut disundut.
"Mad.....gancang bukaan cocok lodongna!" Suanta
marentah.
Pelepes! Belekbek! Blep! Ploh! Sora lodong
kalahka sing pelepes kawantu karbitna atah keneh. Ger ti lembur Cihantap kadenge
eunyah eunyahan deui surak paselang jeung pating corowok.
"Suadmaaaa...gede keneh hitut dewek....Euy!"
Ceuk Sukinta bari mereweng nonggengan.
Kitu jeung kitu, silih bales, silih poyok, eureun
eureun lamun geus kadenge ngong adan tandana geus manjing buka.
Cibiuk taun 2013
Pasawahan sisi lembur mangsa halodo panjang
gamblung jeung telaan paragi ngadu karbit baheula, kiwari geus
ngajungkiring hiji apartemen elit anu katelah Cibiuk City View. Luhurna jujul
kalangit kawantu aya 105 lantey, dirancang sarwa otomatis tur moal rugrug
sanajan aya lini badag atawa tsunami. Pangeusina rereana awewe
super demplon,simpenan para konglomerat hideung atawa pajabat ontohod.
Bray panto apartemen lantey 70 aya nu muka, terus
kaluar saurang aki aki ditungtun ku asistena. Buukna botak kawantu baheula
kungsi karerab waktu keur niup lodong anu aya seuneuan keneh, kitu deui kumisna
ngilu karerab sabeulah.
"Prop...kumaha proyek lodong elektronik teh geus
nepi kamana?" ceuk asistenna
"Geus ampir rengse, pokona dewek hayang geura
ngabales wiwirang baheula jeung si Sukinta!" Tembal propesor Suadma. Geus
ampir sapuluh taun propesor Suadma nganjrek di apartemen eta, meunang jatah ti
pengelola, lantaran bisa mangaruhan pangeusi lembur cena ngajarual
taneuhna.
"Prop...kira kira naon kaunggulan lodong
elektronik teh?" sambung asistena, bari sing sulusup asup ka lift vip nuju ka
ground floor.
"Salian ramah lingkungan, lodongna anti peupeus
lantaran dijieun tina waja pilihan, disain simpel, bisa dijingjing kalawan bisa
disoropotkeun kawas anteneu radio. Kitu deui sorana cukup ku hiji lodong tapi
bisa mangratus ratus nepikeun ka mangrewu sora nu kaluar,sorana bisa diatur
lantaran make tone control, kurang ngageleger tinggal gedean bass-na,
hayang patembalan sorana tinggal atur echo-na oge diimplik implikan sound
effect program!"
"Salian ti eta....Prop?" Asistenna beuki
pogot.
"Power input dirancang sairit mungkin ngan
ukur 150 wot, tapi outputna bisa rebuan wot pmpo, oge bisa distel dolby stereo,
suround atawa polyponic!"
"Ari sorana diadopsi timana...Prop?" Asisten
tambah tetelepek
"Sorana diadopsi ti sora guludug diremix jeung
sora hitut nu ngajuru, pokona sorana dijamin ngajelegur handaruan, salian tieta
lodong ciptaan dewek dikumplitan multimedia,layar lcd anu bisa
ditilepan, mun keur teu dipake ngadu, bisa nyetel mp4,komunikasi
3G,Chatting jrrd!"
"Wah mun kitu mah si Sukinta teh dijamin
keok!"
"Lain keok deui, tapi ngahodhod bari serah
bongkokan ka dewek, lantaran manehna euweuh kagadag ti baheula make sistim
manual keneh, ngan aya ojah saeutik karbitna dijieun tina batu gamping
dikeueuman minyak tanah dioplos jeung formalin sangkan awet dipakena, tapi
dibandingkeun jeung lodong elektronik dewek mah euweuh nanaona
euy!"
"Panasaran hayang geura breng wae diadu, kuring
mah geus teu sabar hayang moyok!" Asistenna geus geretek
"Barud....geuning kalahka ka lantey handap ieu
teh!"
"Har pan nek shopping lin?"
"Heueuh...tapi nek nyamper heula si demplon di
lantey 99 boa geus keseleun nungguan!"
"Gehel...dasar aki aki tujuh mulud, ka nu demplon
teh kadedemes pisan!" Gerentes asisten bari mencet kenop nomer 99 balik deui
kaluhur. ( geus ah bisi ngebul sirah)
panyileukan, wanci janari leutik bari
ngadodoho kejo asak
baktos,
syam ridwan
nu bade buku keom,kaos keom,bade keom sajah
mangga sindang di www.keomsakedap.multiply.com
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___ |
- [Urang Sunda] KEOM ramadhan-2 syamridwan
- Re: [Urang Sunda] KEOM ramadhan-2 RaRaDuTaN

