Punten bade ngiring ngarewong, sareng paralun pisan sanes bade ghibah (nyarioskeun kaawonan batur), komo deui ayeuna nuju sasih saum. Namung, urang candak wae anu saena, keun wae upami aya sakedik kaawonan mah, sawios kuring anu tanggel waler.
Almarhum mang Ayat Rohaedi (Prof.Dr.) kantos ngadongeng, kumaha anjeunna waktos janten mahasiswa di Jakarta ngadeuheus ka Pangdam Jaya, supados juragan pangdam janten sesepuh komunitas mahasiswa Sunda di Jakarta. Teras kumaha waleran anjeunna? Saurna teh, teu tiasa janten sesepuh para mahasiswa Sunda di Jakarta, kumargi ayeuna tos janten tokoh nasional. Tah tina kajantenan eta kasimpulan kuring lamun aya urang Sunda tos kakoncara atanapi kapeto di tingkat nasional (tos janten selebritis), teu tiasa deui nyanyandak "atribut" anu sifatna kasukuan. Kumaha atuh pandangan ti etnis sanesna lamun tokoh nasional masih "ngagugulung" anu sifatna kadaerahan. Tah, ayeuna oge masih aya urang Sunda, anu ngagaduhan konsep sareng pipikiran sapertos kitu (sok sanaos teu sadayana). Saur Batur kuring mah, lamun aya urang Sunda tos "berhasil" di Jakarta, karakteristikna teh sapertos di handap ieu. Kahiji, ngawitan "membatasi diri" gaul sareng sasami urang daerah (sunda). Atuh di forum-forum resmi logat, gaya, sareng anu sifatna kadaerahan satiasa-tiasa teu ditonjolkeun. Lamun tiasa mah nyarios iinggrisan. Kadua, Upami aya jalmi sadaerah sering "sowan" atanapi "so akrab", dianggap "aya hurang dibalik batu",pasti rek menta bantuan, pasti rek menta pagawean, pokona sagala anu sifatna negative. Katilu, Kumargi sibuk tea, tos tara aya waktos mulang ka lembur, komo deui silaturahmi sareng urang sakampung. Sakali mulang ka lembur, ngadon pamer harta banda, ningalikeun mobil anyar, pala putrana amengna ngan diburuan sorangan, teu aya kontak sareng warga kampung sanesna. Baktos, mrachmatrawyani --- ane veriane <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > saha wae anu gaduh kanyaah sareng kacinta kana > kasundaan.. boh anjeunna bade gasuh getih turuna > sunda > boh henteu, pami gaduh kaikhlasan kanggo nganmumule > kasundaan..mugia tiaasa ditampi jantenwargi urang > sadaya..da allah mah mialh2 bangsa teh supados urang > silih hargaan pangintennya...mugia kacintaanurang > kana > ksundaan teh disarengan ku sikap mental anu sae oge, > tong hayo gogorowokan nyarioskeu natas nami > kasundaan..tapi sikap mental urang mental teu > disarengan ku niat sareng itikad nu sae. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

