Sae kang...., perkawis anu kedah diulemna, raraosan mah cekap 2 jalmi atanapi cekap Ki Akisna da sanes bade ditanggap manggung, mung disuhunkeun medar sajarah budaya "Pantun", sareng sakedik mintonkeun kamonesanana.
Perkawis kuncen situs sae, nu eta wae urang payunkeun, sateu acan eta situs kakeueum ku bendungan Jatigede.
Pihatur
1. Aya Juru Pantun ti Banjaran namina Ki Akis yuswana aya kana 65-70 taun
mah, sigana upami diulem ka HBH tea rada pas.
ieu gambar anjeuna nuju ditanggap, dietang dina eta kariaan geuning nayaga
(anggap we nayaga) aya 8 jalmi, kalebet sinden.
Upami diulem ka HBH duka tah naha nayaga eta kedah ngiring sadayana atanapi
cekap duaan, duaan teh nu mirig kacapi sareng Ki Akisna nyalira.
Sim kuring teu acan konfirmasi ka anjeuna, tapi no hp kontak person-na mah
aya.
2. Kuncen anu pantes nampi pangulem ti panitia HBH, nyaeta kuncen anu
ngaheuyeuk kirang langkung 70 patempatan di Jatigede Sumedang, anu mulasara
situs-situs di Jatigede, upami tea eta Jatigede tos kakelem, bakal ilang eta
situs, saena di dokumentasikeun kalawan daria.
Kontak person kanggo nepangan ieu kuncen nyaeta Kang Dadan ti Cupumanik.
MSasmita

