Ciklah kang Kumi,  kuring  mecakan blak-blakan eh….balakbak
 
Aya motor tengah jalan ngebut pisan,
Nyéngsérét.
Awéwéna tipepereket nyekelan,
Kadempét
Lalakina-lalakina reg nincak rém satakerna,
Ngahéphép.
 
Aya motor tengah jalan
Ngebut pisan satakerna
Tihothat ngerém ngadadak
Sieuneun nincak ti hayam
 
 
Emod


kumincir <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Urang ngabalakbak heula ah, Coy... (ka nu ocoy, piss ah...)

Rumpaka balakbak anu paling kawentar, ogé dimuat dina e-pupuh17, unina kieu

Aya warung sisi jalan ramé pisan,
Citaméng.
Awéwéna luas-luis geulis pisan,
ngagoréng.
Lalakina... Lalakina... Los ka pipir nyo'o monyét,
ranggéténg.

Polana basajan (BMS*):
12 (ditungtungan ku a)
3 (ditungtungan ku é)
12 (ditungtungan ku a)
3 (ditungtungan ku é)
16 (ditungtungan ku é)
3 (ditungtungan ku é)

Tah... ari baheula mah Abah Joe ngajakan urang ha-haiku-an, cikan ayeuna aya nu boga bakat ngabalakbak teu? Kadé poho, balakbak mah pupuh nu eusina kasenangan/kagumbiraan, heureuy/banyol...

Cikan, uing nyobaan...

Nanggung cau satolombong beurat pisan,
nyanggéyéng.
Dijualna di Péngkolan payu pisan,
digoréng.
Aduh Ema... Aduh Apa... Aya tibum langsung lumpat,
Si géhél!! Heuheu...

*BMS = béjaan/benerkeun mun salah

--
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org



Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
 
 


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke