Haturan teh ika
Abdi kapungkur kantos amengan kadinya teh taun 1994 upami teu lepat
mah lebet ti maribaya mapah dugi tembus teh ka dago pakar tea kitu ?
Tapi nahanya eta dilebet guha jepang seueur anu padudaan
(istri+pameget) harita mah he he...bari jeung nyarandak senter duga
ngaradon naon tah he he...barobogohan kitu. Duka ketang ayeuna mah.
Irahanya hoyong amengan deui kadinya da harita oge ti maribaya dugi ka
dago pakar tos nganggo paving block asana mah.
Aduh eta teh ika nganggo kaos cepoth he he....

Baktos
@ERN

On 9/25/06, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya.
> Uninga panginten di Bandung palih kaler aya Taman Hutan Raya (tahura) Juanda, 
> milik Pemprov Jawa Barat. Jigana eta hiji-hijina "leuweung" nu aya di 
> Bandung. Poe Jumaah 22 September isuk-isuk, jalan-jalan ka Tahura. Nyandak 
> rute Tahura-Maribaya. Jalan tos sae nganggo paving block. Aya Goa Jepang 
> jeung Goa Belanda. Enya oge keur usum halodo, tapi teu panas teuing. Komo di 
> guha mah tiis pisan jeung poek, hehehe.....Pamandangan sae keneh, mung aya 
> oge lahan nu dianggo kebon sayuran, panginten keur nambah panghasilan 
> kulawarga nu jaga. Lumayan cenah 6 kilo tebihna, jeung rada nanjak sakedik. 
> Cekap kanggo jalan-jalan mah. Mung dugi ka jambatan, da 6 kilo deui dugi ka 
> taman Maribaya mah. Sanes kunanaon cape gening, hehehe......Mangga gambarna 
> ditingal.
> Baktos.
> ika


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke