1.      CEUK
 
a.    Ceuk, lamun rék panén abdi béjaan, nya ? ( wancahan tina aceuk; tétéh)
 
b.     Ceuk kuring mah ulah daék dipulung minantu ku Pa Camat téh, bisi jadi bahan omongan batur. (robahan tina cék; carék)
 
2.      CAREUH
 
a.      Ari manéh beuki daging careuh, Lamsijan ? (sato jarah sabangsaning ucing, kabeukina caruluk, kopi, sok malingan hayam)
 
b.     Poé kamari mah hasil moro téh careuh bulan ogé mani meunang dua. (careuh nu bodas beungeutna)
 
c.     Cing atuh ulah kawas careuh bulan kitu ngageulis téh ! (nu diwedak kandel teuing)
 
d.     Aya nu karasa meureun budak téh matak careuheun kitu gé. Isuk mah bawa ka Puskesmas. (budak leutik nyusu kénéh, ngéar waé ceurik.
 
3.      CAKAR
 
a.      Cakar saha, mani laledug kieu ? (tapak cokor)
 
b.      Mun cakar ku sia téh Empus, anjing rerebut hakaneun mah ! (koét, leuwih parna, sabab ku kabéh kuku)
 
c.      Hayam téh ngan cacakar waé dina dapuran kembang. Dipeuncit siah ! (ngacak maké ramo sukuna )
 
d.     Aksara cakar hayam kitu mah hésé ngéjahna ogé. (aksara goréng kawas tapak cokor hayam)
 
e.     Saminggu sakali mah kudu waé keduk cakar, masing euweuh paréntah ti désa ogé. (ngaberesihan pakarangan, ngoréd, sasapu)
 
4.      CACAH
 
a.     Boh cacah boh ménak, mungguhing Alloh mah sarua waé. (rayat biasa, somah)
 
b.     Dina jaman ayeuna mah najan cacah rucah atah warah, tapi boga hak anu sarua dina hirup kumbuh. (somah nu dianggap taya ajéna sabab bodo)
 
c.      Ari kampungna mah lega, ngan cacah jiwana saeutik. (bilangan lobana panduduk)
 
d.     Bulan hareup, di ieu désa baris aya kagiatan nyacahkeun. (nyénsus)
 
 
Emod


Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
 
 


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke