hatur bah kana inpona.. ke ah milarian di gramed bogor, di inibuku aya teu nya?

dh

On 9/29/06, waluya56 < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya, aya buku enggal, judulna teh "KHAZANAH PANTUN SUNDA, Sebuah
Interpretasi", kenging Pa Jakob Sumardjo. Dimedalkeun ku Penerbit
Kelir, Agustus 2006. Lamun meser buku ieu, aya VCD an dua siki, eusina
pagelaran Pantun Buhun : "Lahirna Prabu Siliwangi", Juru pantunna nu
disebat-sebat ku Ua Sas, Ki Akis. Pangaos Buku : Rp. 95.000 di Gramedia.

Kuring meser buku ieu kamari, tapi bukuna acan dibaca, tapi VCDna mah
geus diputer, ngan hanjakal pisan, rekaman VCDna kirang sae, tapi
lumayanlah ..... tinimbang teu aya.

Dina panganteurna Pa Jakob nyebatkeun buku ieu teh mangrupakeun
sumbangan leutik ka masyarakat Sunda dimana Pak Jakob geus 40 taun
hirup di Bandung, di tengah-tengah masyarakat Sunda. Buku ieu
oge "dipersembahkan" ka salah saurang pamuda Sunda, prajurit Siliwangi,
nu perlaya di taun 1947, kulantaran ngabela Desa Pa Jakob, di Klaten
Jawa Tengah. Pak Jakob (Jakobus) Sumardjo aslina urang Klaten.

Ieu salah sawios komentar kana buku ieu :
Hawe Setiawan : Dalam Pandangan Jakob, cerita pantun cenderung
merupakan sesusun simbolis yang mengandung makna filsafat, politik dan
regius yang berlapis-lapis.

H. Dadang Kahmad : Membaca buku Pak Jakob Sumardjo, kesan utama saya
adalah buku ini ditulis oleh orang yang begitu tekun dengan daya
imajinasi yang tinggi dengan kekayaan interpretasi yang dalam. Saya
tidak percaya ketika membaca riwayat hidup Pak Jakob, bahwa beliau
bukan pituin Sunda karena begitu dalamnya tentang pantun Sunda.

Baktos,
WALUYA

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke