Kedah dibedakeun ajaran agama, adat kabiasaan (budaya) sareng tafsiran jalmi kana ajaran agamana. Upami urang tos tiasa milah-milah hiji kasus sapertos kitu, ditambihan ku manah anu jembar ati, insya Allah moal sesah teuing ningali hiji pasualan. Ieu mah mung pendapat pribadi, heunteu mutlak paling leres. Ajaran agama jelas aya tungtunana/referensina nyaeta kitab suci. Tapi kumaha prak-prakanana di kahirupan nyata ieu, gumantung kana kamampuan urang ngolah atanapi nafsirkuen ayat-ayat eta. Hasil olah pikir eta, anu ngahasilkeun kabudayaan. Contona hasil olah pikir anu sukses dina nyalaraskeun ajaran agama sareng kabudayaan setempat, nyaeta naon anu tos dilakukeun ku para Wali Salapan. Kumargi namina oge kabudayaan hasil olah pikir jalmi, ku parobihan jaman aya anu ical, aya anu lestari. Hiji hukum alam anu teu tiasa ditahan-tahan, gumantung kana usaha masyarakat dimana budaya eta aya. Upama aya hiji kabiasaan tina hiji budaya nyata-nyata mangpaat sareng salaras sareng ajaran agama, berarti memang eta budaya teh ngandung sifat-sifat universal, anu heunteu kalindih ku jaman. Dina hal ieu pedaranana kang Oman/mama Manar di milis ieu perkawis budaya Sunda sareng ajaran Islam tiasa janten conto kasalarasan budaya sareng agama.
Dina ngalaksanakeun ajaran agama. Upama urang sasama Islam, teu aya halangan upami ngadiskusikeun soal Nabi Isa teh sanes Allah, atanapi ngaluarkeun ayat-ayat anu netelakeun prinsip anu diagem ku sabegan masyarakat kristen teh kaliru. Tapi upama ngobrol sareng pemeluk agama Kristen atanapi Katolik, urang tiasa ngobrolkeun kesamaan ajaran agama Islam sareng agama Kristen/katolik. Tah, sikep siga kitu teh kalebet kana ngajenan perbedaan kayakinan batur (multikultural tea). Tapi omat, kumargi hoyong ngajenan batur tong dugi ka ngaluarkeun pernyataan semua agama sama. . Pernyataan siga kitu justru nunjukkeun heunteu ngahormatan keberagaman sareng ditoong tina katauhidan mah, mengpar pisan. Perkara eta cenah, FPI nepi ka ngaruksak tempat hiburan malam sabab ngalakukeunnahi munkartea, atanapi pemda ngaluarkeun Perda anu berbau agama, Ceuk pamendak kuring mah ditingali niat saena wae, sareng tiasa diajak dialog kumaha milarian solusi anu neng win-win tea. Sabab upama urang ningali hiji pasualan tos aya itikad awon, heunte ngabereskeun pasualan. Pan aya hiji hadis, Urusan dunya, maraneh leuwih nyaho. Sok mangga tingali kaayaan dunya ayeuna, kalakuan preman Amerika, obat ampuhna nya ku preman al Qaeda. Kalakuan Israel sakali-kali mah kedah dilawan ku Hizbullah. Punten ah rada ngaco, janten upami ningali kasus anu didugikeun ku Kang Budhi Setiawan dina perspektif multikultural mah sapertos kitu. Dina babasan Sunda mah pan aya ciri sabumi sara sadesa tea. Tapi duka naha leres tiasa ngawakilan ngagambarkeun anu janten padungdengan urang. Baktos, mrachmatrawyani --- Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Rachmat oge baraya sadaya .... > > Carita kuring meunang nyundakeun tur ngedit ti > babaturan nu geus leuwih lila > di Jepun .. tapi dasar rasa sarua jeung nu kaalaman > ku kuring. Teu > pisan-pisan ngajejeleh budaya sorangan, da budaya > Sunda upamana oge loba > hadena. Undak usuk basa lamun dipake kalayan bener > upamana, asa kacida > genahna mun asup ka toko terus balanja, nu > ngaladangan make Basa Sunda lemes > tea, ieu nu kapanggih dina kahirupan sapopoe urang > Jepang, ngahormat ka > pelanggan. > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

