Hartina bangga dina basa Sunda beda jauh jeung hartina bangga dina basa Indonesia, da bangga dina basa Sunda mah hartina hese, susah. Meureun nu dimaksud ku kang Aryadi mah reueus.
 
e saperti dina kecap pendek (indonesia) atawa ceker (sunda) jeung e saperti dina kecap lebet, belet (sunda) atawa setelah (indonesia), cara nulisna teu dibedakeun, ngan keur eu mah kudu dibedakeun.
leubeut (loba buahna) beda jeung lebet (asup), jeung deuih dina basa Sunda diaku ayana fonem eu.
 
 
MSasmita
 
----- Original Message -----
From: aryadi
Sent: Saturday, September 30, 2006 3:09 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Aksara Urang Sunda

Ngiring nimbrung ah, kadang simkuring sok ngarasa bangga oge kana basa sunda teh, najan teu bisa bisa teuing basa sunda, atanapi sok salah kaprah oge meureun.

"Eu" dina basa Inggris ditulis ngan sahuruf nyaeta "a", kitu oge "A" dina bahasa Inggris oge make huruf "a", taya bedana tina bentuk tulisan. Kitu oge dina basa Indonesia, ngabedakeun cara baca "e" taling sareng "e" pepet (nyaeta "eu" tea meureun dina basa sunda mah, ngan kadang macana teu dugi "eu" teuing sapertos ngalafazkeunna dina basa sunda). Tina kasus ieu panginten jelas yen basa sunda mah peduli pisan ngagambarkeun sora kana bentuk simbol teh. :-). Kudu detail ("detil") jigana mah.

Hiji deui, kabeungharan basa sunda teh tina masalah undak usuk basa nu puguh eunteup seureuhna tea panginten nya ?, nu ngabedakeun kata kerja berdasarkan umur atanapi penggunaanna kanggo manusa sareng sasatoan. Asana mah tina kasus ieu jelas bangsa sunda mah nga"mulia"keun pisan kana pribadi antara manusa jeung manusa atanapi antara manusa jeung sato. Coba bahasa Inggris mah, jang sato make kata "eat" kitu oge jang manusa. Bahasa Indonesia kitu oge, jang manusa "makan" jang sasatoan oge "makan". Tapi mun basa sunda mah jelas beda, tong waka jang sasatoan, jang manusa wae aya aturan ngagunakeun kecap nu maksudna "makan" berdasarkeun umur jeung diri sorangan, seueur pisan sinonimna tapi aturan penggunaanna aya tempat masing-masing :-). Meni "detail" pisan.

Punten ah sanes bade kokolot begog atanapi guminter, ngan saukur babagi pikir ieu mah, nyaritakeun yen aya kabanggaan kana basa sunda.

-aryadi-


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke