--- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Satuju Kang. Mana nu tiheula... basa lisan atawa tulisan? Tulisan > lin? Tah lebah dinya oge geus katara yen tulisan teh sabenerna mah > ngan saukur ngajiplak tina basa lisan. > > Dina basa naon bae oge, sistem tulisan TEU ngagambarkeun kaayaan > basa (lisan) nu sagembleng na. Sistem tulisan kauger ku heureutna > sistem tanda tea. Lain keur basa urang wungkul... dina basa2 moderen > anu gede oge sistem tulisan teh teu kumplit.
Enya Kang RH, basa tulisan alias basa nu make AKSARA jeung ANGKA tea. Da ari basa lisan mah teu kudu dimodelkeun ieuh. Keur ngaekspresikeun basa lisan mah apan geus puguh parabotna: salian ti galindengna sora, apan dipirig ku intonasi naek turunna sora, oge ku gerakna awak, jiga runya-renyu jeblehna biwir, rundat-rindatna halis, empot-epotanana liang irung, jeung gular gilirna panon, bisa dipake keur ngabedakeun maksud hiji ucapan. Jiga ngucakeun kecap /Hmmm/. Tang eta ucapan teh beda maksudna, upama intonasina datar, intonasi dicentok, atawa ucapanna panjang. V-ariasi (Ngeunaheun teu kadengena upama diganti jadi /pariasi/? Hehehe) maksud hiji UCAPAN alias SORA anu kacida legana teh, apan nepi ka kiwari ngan karek bisa diekspresikeun ku sababaraha tanca basaan /!, ?, "", ., '/. Hartina naon? Kalah kumaha oge, nepi iraha wae moal bisa basa tulisan ngawakilan sagemblengna basa lisan. Ku kituna kapaerluan kana basa tulisan teh atuh tangtu bakal gumantung kana kamekaran pangabutuh manusana. Ari pangabutuh manusa apan robah ti waktu ka waktu. Jadi teu kudu hamham atawa lingsem sagala, upama urang NGINJEUM aksara batur pikeun kaperluan pangabutuh urang anu mekar ti wanci ka wanci. Cing upama urang rek ngabako elmu f-alak (Ngeunaheun teu kadengena upama diganti jadi /palak/? Hehehe), nalika nyebut ngaran planet Venus naha peru diganti jadi /Penus/ kitu? Salian ti eta, TONG HILAP, ampir sakabeh bahasa nu aya di ieu dunya kiwari lolobana apan NGINJEUM sistem aksara Roman nu kiwari bejana geus teu aya deui pinuturna. Malah sistem angka oge apan pada NGARINJEUM jeung tacan kungsi DIPULANGKEN tina sistim angka Hindu-Arab. Tangtu Kang RH nu tukang noong Arkeologi leuwih tabah kana perkara ieu. Sakali deui TEU KUDU HAMHAM JEUNG LINGSEM, upama urang Sunda nginjeum aksara /f, v, q, x, z/ nu dianggap tacan kungsi diucapkeun ku para karuhun. Pikeun kaperluan kahirupan urang Sunda kiwari kaci pisan diinjeum. > > Balik kana masalah /q/, bisa jadi ieu sora teh aya dina basa Sunda. > Lamun enya aya... naha euweuh kekecapan Sunda anu dilambangkeun > ku /q/? Pan tanda mah aya lin? Mun mikirna dibalikkeun jadi kumaha > tah? > > Ah... mun tea mah perlu /q/, injeung we ti batur. Tong boro > aksara... duit ge nginjeuman ti batur he he he. Hutang apan mani > salaput hulu.... Perkara sora /q/ kuring mah ninggalina pikeun ngaakomodasi kecap serepan. Salian ti eta, aksara /q/ teh ilahar pikeun simbolisasi bahasa elmu pangaweruh. Contona dina elmu ngitung, berendelan aksara /p, q, r, s/, /x, y, z/, jeung /u, v, w/ eta teh ilahar dipake pikeun ngaran v-ariabel (rek ditulis /pariabel/?), ngaran matriks, ngaran v-ektor (peun ah, moal ditulis sisipan nu ieu mah), jeung sajabana. Nya ari hayang-hayang teuing mah, bisa oge keur nulis /qulub tutut/, /qulub suuk/, jeung sajabana. Hehehe salam, mh ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

