Pararunten teu ngabandungan tikawitna abdi ieuh janten
panasaran.. Uteuk rada lebeng bade ngaitkeun antawis
judul sareng eusina obrolan komentator milis. Ari HT
mah sanes asli ti Jordania, anu  berjuang nganggo
cara22 konstitusionail aliar jalur pulitik ? teu resep
kaheurasan , sanes ?

--- Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> mangga atuh kang teraskeun...resep yeuh
> ngabandungannana...
> 
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: engkus ruswana 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Wednesday, September 06, 2006 1:55 AM
>   Subject: Re: [kisunda] Fwd: [advokasi_kub]
> Penting: Meneropong Pergerakan Hizbut Tahrir
> 
> 
>   Nambihan oge kang,
> 
>   Pami teu lepat pulitik teh nyaeta mangrupakeun
> seni
>   pikeun ngahontal tujuan nu tangtosna ngagunakeun
>   sagala pangawasa nu aya dina diri (kanggo pribadi)
>   atanapi pangawasa/kakuatan bangsa (kanggo nagara).
>   Sakaterang simkuring ajen tinajen kaSundaan dina
>   ngokolakeun nagara teu benten sareng ngokolakeun
> diri,
>   geuning aya istilah memeh nata nagara (dunya gede)
>   kudu bisa nata naraga heula (dunya leutik), kantun
>   nanya naon atuh nu jadi tujuan dina ngeuyeuk
> dayeuh
>   ngolah nagara teh. Urang sunda dina nerapkeun ajen
>   tinajen/pamikiran hirup jeung pulitik hirupna
> dumasar
>   kana hasil nyungsi diri nyuay badan nu teu leupas
>   sareng alam gede.
> 
>   Hasil panalungtikan diri netelakeun geuning diri
> nu
>   dipake pikeun nganteur kahayang ingsun teh asal
> tina
>   opat unsur nyaeta tina sari/aci ning seuneu nu
> nyagara
>   di panonpoe (ngalangkungan sagala asakan)
> lambangna
>   warna beureum, acining cai nu nyagara ka lautan
> (tina
>   sagala leueuteun) lambangna warna bodas, acining
>   taneuh nu nyagara di bumi (sagala
> tuangeun)lambangna
>   warna hideung, sareng acining angin nu nyagara di
>   langit (ngalangkungan napas)lambangna warna
> koneng,
>   tah asaling diri ieu nu sok disilokakeun kana
>   parupuyan/kukus nu kudu diseungitan pake menyan
> (ku
>   laku lampah nu hade). Opat asaling diri siaji
> geuning
>   panonpoe geus ngalaksanakeun darmana pikeun
> nyaangan
>   dunya kabeh kabagen teu ngabeda-bedakeun wewengkon
> oge
>   ngasakeun sarupaning nu dipasak boh langsung ku
> seuneu
>   pon kitu deui nu ku panonpoe, cai memeh mulang ka
>   lautan oge geus mere jeung babagi ngahirupan
> manusa,
>   sato jeung tutuwuhan, angin sareng bumi pon kitu
> deui
>   geus ngahirupan sagala mahluk di alam ieu teu
>   ngabeda-bedakeun. Seuneu-cai-angin-bumi mah
> estuning
>   geus ngajalankeun darmana luyu jeung kudratna, tah
> ari
>   manusa kumaha naha tos ngalaksanakeun darma luyu
>   sareng kudratna ku jalan ngalaksanakeun kamanusaan
>   ngagunakeun sagala pangawasa nu asal ti Nu Maha
>   Kawasa. Upama lumpat deui kana diri lamun urang
> hoyong
>   tuang geuning sagala pangawa boh maningalna, boh
> gerak
>   tanganna, boh langkah sampeanna, boh angseuna,
>   pangrasana jeung sajabana ti eta rukun sauyunan
>   numutkeun tugas sareng fungsina masing-masing
> pikeun
>   ngahontal kaperluan diri supaya katedunan
>   pangabutuhna, tiasa dibayangkeun pami anggahota
> badan
>   teu rukun mawa karep sewang-sewangan. Tah dina
>   ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara oge teu benten.
> Urang
>   Sunda gaduh kayakinan yen dunya teh milik sarerea
>   (sabanda)nu kedah diurus ku sarerea (sariksa)
>   numutkeun hak sabangsana/sanagarana atanapi tugas
>   sareng fungsina sewang-sewangan (sapariboga)
> pikeun
>   ngudag karukunan hirup sauyunan. Ajen tinajen
> urang
>   Sunda tos nganggo tatanan hirup nu disebat
> demokratis,
>   teu ngenal tingkatan harkat nu dumasar kana titel
>   saren ras, margi tos ngartos yen manusa teh saasal
>   jeung sabakal, teu orientasi kana kakawasaan
> namung
>   orientasi kana bagi tugas/fungsi nu ngarah ka
> tujuan
>   hirup sarerea (mangga tengetan sistim nu diangge
> ku
>   masyarakat Kankes). Tah kumargi kitu pantes pami
> tea
>   mah nitenan wangsit nu cenah waktos Prabu
> Siliwangi
>   bewara bade undur diri ka rahayatna, dikawitan ku
>   ucapan "Kami geus teu pantes jadi raja lamun
> somahna
>   sangsara jeung balangsak ...jst", nu hartosna tos
> teu
>   tiasa ngajalankeun tugas sareng fungsina.
> 
>   Tah ku pangemut simkuring sistim ieu nu kedah
>   dikembangkeun deui dina raraga ngokolakeun nagara
> teh.
>   Garis keras teu dikenal dina kasundaan, namung nu
>   diperyogikeun nyaeta kukuh-pengkuh dina ngudag
> tujuan
>   karaharjaan bersama jeung karukunan hirup
> sauyunan,
>   ulah gedag kaanginan, ulah laas ku hujan (luyu
> sareng
>   sifat nu dilambangkeun bumi-tetap).
> 
>   Kumaha tegesna sistim kanagaraan nu cocog
> diterapkeun
>   kisunda, nya hayu urang pada nalungtik kumaha
> saena,
>   sistim nu dianggo di masyarakat Kanekes nu tos
>   kabuktian tiasa "survive" dina ngigelan jaman,
> mungkin
>   tiasa dijantenkeun salah sahiji bahan pikeun
> diaji. 
> 
>   Punten kang ieu ge mung pandangan/pangemut
> simkuring,
>   duga luyu henteuna mah sareng akang hususna, oge
>   baraya kisunda umumna.
> 
>   cag, rampes.
> 
>   pun Engkus
> 
>   --- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
>   > Mamang Engkus... lieur ah maca sisipanna
> he..he..
>   > 
>   > Tadi wengi kaleresan pribados ngabandungan
> siaran di
>   > global tivi,acara "Kantata Institute", Jalaludin
>   > Rahmat sareng Setiawan Djodi.
>   > 
>   > Intina soal "Syariat Islam".
>   > Numutkeun Setiawan Djodi, syariat eta ngandung
>   > hartos
>   > pemikiran hirup jeung kahirupan, anu "basis"na
>   > Al-Quran tekstual. Sapagodos sareng Kang Jalal,
> anu
>   > ngaku kapungkurna teh PALING ANTI PANCASILA,
> ayeuna
>   > ngadukung pisan.
>   > Pamikiran hirup jeung kahirupan teh kedah cocok
>   > sareng
>   > budaya lokal(kearifan setempat), kasauran
> S.Djodi. 
>   > 
>   > Lah panjang dongengnamah.
>   > 
>   > Aya terasna sakedik, numutkeun pamadengan Kang
>   > Jalal,
>   > dipenganut Agama Islam, aya dua kutub ekstrim,
> hiji
>   > anu aliran pluralis hiji deui anu garis keras.
>   > Aya oge pembagean numutkeun pamadengan
>   > "Karajaan"(arab
>   > saudi)/wahabi sareng "demokratis"(iran)/syiah
>   > intinamah soal kekuasaan sereng pembagian
>   > kakuasaanna.
>   > 
>   > 
>   > Dupi sistem kakuasaan(politik) urang sunda
> kumaha
>   > jeung bade kumaha?
>   > 
>   > Sakitu anu kapihatur.
>   > 
>   > --- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>   > 
>   > > Sampurasun,
>   > > Bagea baraya kisunda sareng urangsunda
>   > yahoogroups,
>   > > sok sanaos simkuring teu acan tiasa ngiring
>   > ulubiung
>   > > dina gunem catur, namung masih satia noongan
>   > milist
>   > > kisunda sareng milist-milist sanesnya.
> Simkuring
> 
=== message truncated ===


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke