Baraya, artikel/dongeng dihandap ieu, meungang nyutat ti millis 
sabeulah, dimedalkeun ku majalah Panghegar taun 1954 (kuring oge acan 
lahir). Nu nulisna sigana mieling hari tantara 5 Oktober. Keur nu 
ngarora, tulisan ieu masih nganggo ejaan lami : tj-->c, dj-->j, j->y.

From: "Bambang Setiawan" <[EMAIL PROTECTED]>

DISIPLIN
   
  Maksud kuring, lain rek mieling Hari Angkatan Perang nu umum. Oge 
lain rek pipilueun djabung-tumalapung bibisaanan mere sumanget ka 
para pradjurit urang nu kiwari geus leuwih ti sumanget. Keun eta mah 
hantjengan ahlina nu geus legok tapak genteng kadek tina eta bagian.
  Ieu mah sakadar rek mieling pangalaman kuring pribadi, nu kungsi 
kasorang dina mangsa milu midjah dibadju hedjo djeung manggul bedil.
  Milu midjah, tjeuk kuring, sabab ari tjita-tjita kuring nu djadi 
panjileukan ti leuleutik mah lain ka dinja losna. Keun eta mah.teu 
djadi soal.
  Nu rek didongengkeun di dieu, wungkul pangalaman-pangalaman nu 
kungsi karanapan sarta karasa ku kuring pribadi, dina djaman 
pala "putra dewa" keur ngaradjadewek di urang.
  Harita teh duka kumaha, duka sapedah kabawakeun batur, duka enjaan 
kuring kaantjikan sumanget ngabela lemahtjai. Kuring udjug-udjug wani 
asup kana Pembela Tanah Air, nu di lembur mah "Sukarela", 
disarebutna. 
  Ari tjeuk basa Niponna geuning "gyugun" tjenah. Keun eta oge teu 
kudu papandjangan.
  Mimiti kuring dilatih di Tjimahi, di tangsi nu njanghareupan alun-
alun Pontjol. Dilatih dina harti nu saenjana. Da eta bae, ti mimiti 
braj beurang nepi ka reup peuting, djero 4 bulan emplad-empladan, 
pangadjaran-pangadjaran teh estu bari disuwuk ku panggebug djeung 
dimongmong ku panggaplok para "saderek sepuh" nu tjenah hajang 
ngagembleng dulur-dulurna banga Indonesia, supaja kahareup bisa 
ngadjaga lemburna sorangan tina pangrandjah nu lian, iwal ti manehna.
  Mun ras inget, sok matak kapiasem ajeuna mah.
  Disiplin nu dipake ku Djepang, disiplin "bangke". Sagala kudu prak-
bisa prak-kuat. Teu meunang aja nu ngawagu, teu meunang boga katjape. 
Tjabok djeung gebug teh djadi lalab-rumbah.
  Ari ramena saban isuk.. Mentas "kakeas" (lumpat antja) 5 km nu 
ditungtungan ku balap patarik-tarik lumpat, paheula-heula asup ka 
buruan tangsi, terus kudu "taiso" satengah djam lilana. Hih, da eta 
mah sora dampal leungeun kana pipi ...... tinggareplek-tinggareplokna 
teh geus teu puguh dengekeunana.Atuh da kumaha tas lumpat sakitu 
tarikna, terus kudu gerak badan ....... lain teu sumanget ........ 
kumaha da napas kaburu sesek manten. Nadjan kitu teu meunang teu 
kuat. Lamun urang njebut tjape, kalah hajoh ditambah kudu lumpat 
deui, magar teh sampe mati.
  Dina waktu diadjar peperangan basa nu dipakena basa Djepang. 
  Lebah dieu repot deui bae. Sanadjan teu ngarti, dianggapna urang 
teh geus lantjar basa Djepangna teh. Atuh kuring angot, nu ngadenge 
oge kakara harita kana basa Nippon, ngan ukur "haj-hajan" bae, gawe 
teh, da lamun njebut "wakarimaseng" geus tara diengkekeun deui, 
dampal leungeun njamberan pipi.
  Tapi duka kumaha atuh, sanadjan djeung bari diganda teu ngarti kana 
basana karasana ku kuring bet aja bae tapakna nu napel. Maksud teh 
lain tapak nu dina pipi, eta mah geus puguh deui barengepna. Sagala 
nu diadjarkeun ku para sidokang djeung hantjo teh henteu kabeh ngan 
ukur ngaliwat kana tjeuli, tapi aja bae nu njangkol saeutik-eutikeun.
  Djaba ti meunang latihan teunggeul djeung tjabok, harita kuring 
kungsi dilatih kurang dahar deuih. Eta bae, "kutay" kuring (mun 
ajeuna mah seksi meureun ngaranna) nu diwangun ku 60 urang, meunang 
rangsom sapoe-sapoena teh, ukur 3 kali satengah ember. Emberna oge 
lain ember gede, tapi sedengan nu sok biasa diparake njeuseuh di 
imah. Angeun kompos bae (angeun lalab sagala bres) satengah ember. 
Atuh ana dibagikeun, ngan ukur kabagean sagede-gede peureup orok 
sewang. Ku dua kali ngahuapkeun age geus kutap-ketap deui.
  Ku lantaran latihan tjape, dibarung djeung beuteung lapar, 
tungtungna sok ngagaranggam. Sagala nu kapanggih didahar. Demi 
balangsiar huapkeuneun keur ngagandjel-gandjel djero beuteung, 
biasana sok ka dapur. Kitu oge tara wani ari lain waktu simpe mah. 
Estuning riabna teh, teu beda djeung beurit, tingkarurah-tingkaroreh 
sugan aja wortel atah atawa engkol sesa nu tinggaleun. 
  Nu baroga duit sok tingharewos djeung koki-koki dapur, menta 
dipangmeulikeun naon bae dadahareun ti luar. Pagawe dapur mah sok 
baralik, datang-datang deui djanari, ngadon njadiakeun ompreng keur 
isuk-isuk.
  Lila-lila, maranehanana sorangan sok ngahadja marawa dagangan 
kadaharan, aja goreng taleus, kueh atji, malah ari keur nu merekis 
pesakna mah aja nasigoreng sagala. Hargana, geus munasabah leuwih 
mahal batan di luar. Nu geus tangtu tikel dua, paling murah.
  Laun-Iaun dapur teh ari tengah peuting salin djinis djadi pasar 
gelap.
  Nu teu baroga duit, dibelaan burindil ngadjarualan papakeanana bawa 
ti imah, dipake meulian dadahareun.
  Sakali mangsa kuring boga duit ladang roko tjap "gadjah" djeung 
sabun pembagian. Waktu kagiliran djadi "tobang"(tu kang beberes 
djeung njokot rangsom) ka mang koki pesen nasi goreng sapori.
  Sakumaha biasa, pesenan teh disampeurna kudu djanari di "pasar 
gelap" tea. Inget keneh nepi ka ajeuna oge, harita the teu kungsi 
bisa sare sakeredjep-keredjep atjan, bawaning ku panteng ngadagoan 
djanari.
  Pukul tilu lotjeng di "Eihei" (djaga gerbang) kadenge disada tilu 
kali. Garajam kuring kaluar ti djero kulambu, kerewek, kana "boshi" 
(pet) rap dipake, da badju djeung tjalana mah ti sabadana "tenko" 
(appel) peuting oge henteu dilaan.
  Ketejep lalaunan kaluar ti "naimohang" (ruangan tempat sare). Lebah 
panto pasanggrok djeung "fusimbang" (djaga ruangan). Waktu 
ngabetahkeun ku kuring dikitjeupan. Manehna ngarti sabab kitjeup 
kuring, sakumaha biasa, ngandung harti "tst" mun ajeuna mah. Nadjan 
kitu manehna tetep nitah ati-ati bisi kapanggih ku "sjubang shirei" 
(opsir piket) tjenah.
  Mangkaning peuting kamarina kungsi aja nu kapanggih keur laha loho 
ka dapur teu dibere ampun deui, djaba ti dihantem sirahna ku 
sarangka "samurai" bari diuk emok Djepang, dipentrang di nu panas 
satengah poe.
  Di dapur sakumaha biasa njampak geus loba nu sedjen keur 
baralandja. Tapi barang reket kuring mukakeun panto, rarikat pisan 
ratjleng njarumput ka nu poek, samarukna opsir piket ngontrol. 
  Barang pintjukan pesenan tea geus katarima, kuring mah gura-giru 
ngelemet deui ka luar, mulang ka "naimohang" sieun kaburu aja nu 
ngontrol. Tapi barang rek sup pisan, ti djero kadenge "fusimbang" nu 
ngaluarkeun kuring tea keur "hokok" (mere laporan) ka "subang shirei" 
nu keur mariksa ruangan. Satadina. kuring boga ingetan rek luntjat 
njalingker ka nu poek, ngan orokaja kaburu kapelengok manten.
  Duka kumaha djalanna, kuring poho deui, ngan nu inget harita, 
pintjukan nasi goreng tea geus ngiles, euweuh tina leungeun, pindah 
njumput kana handapeun "boshi" nu keur dipake. Sanadjan bari angen 
ratug tutunggulan, kuring "keirei" ngahormat ku ngantelkeun ramo 
leungeun katuhu kana tungtung kopeah.
  Teu ku hanteu pintjukan teh hajoh make muka deuih. Karasa pisan 
haneutna minjak nu ngalej tina sirah lenang mapaj kana tarang. 
Bawaning ku gugup, memeh ditanja kuring geus nembalan ku basa Djepang 
lagam Sunda diteugeugkeun: "Hait! Bendjo karakaeri masta!" (Wangsul 
ti tjai mun dibasa Sunda mah). Kawasna bae harita kuring keur bintang 
terang, da "Sjubang Shireidono" (dono teh ketjap panghormat ka 
saluhureun) ukur merong bari ngagerem nitah sare deui.
  Neger-negerkeun maneh, kuring leumpang lalaunan, ngarah , teu 
katangar boga dosa. Barang sapatu nu ngontrol geus teu kadenge deui 
ketukna, gura-giru ngudar "boshi" lalaunan. Ku sabab pintjukanana 
udar, nasi goreng teh teu kaburu diudulkeun deker bae dihabek ku 
duaan tina kopeahna. Estu ni'mat taja babandinganana, nadjan tjampur 
djeung totombe oge.
  Tutup latihan, kuring sabatur-batur bodo pinter, kabeh rata pada 
mareunang idjazah salambar sewang. Badju anjar djeung sapatu sasetel 
sewang, sarta tanda pangkat "budantjo" (kepala regu) sapasang sewang. 
Demi ditempatkeunana kuring mah kabagean di salah sahidji "Daidang" 
(bataljon) luar Tjimahi. 
  Nu djadi "Shodantjo" (kepala seksi) di Shodan kuring, harita sarua 
pada anjar pisan kaluar tina latihan. Ngan ari manehna mah latihanan 
di Bogor. Djelema dedeg, gede, budajut. Dangong ludeung bangun taja 
kasieun.
  Kawasna bae, eta djelema teh kakara manggih pangkat, da katingal 
dina tingkah-Iakuna teu beda ti si Tjepot djadi radja.
  Lelewa nurutan Nippon, hampang leungeun, gawe ngan hajang tjatjabok 
bae. Ari ngomong sok ninipongan, ngomong basa Indonesia letah 
Djepang, disalah-salahkeun. Lamun njebut "L" sok di "R-keun" bari teu 
tinggal ti "bakeroh" djeung "tida bangus".
  Pamakena teu kaop, aja awewe deukeut-deukeut, sok "buang aksi". 
Biasana sok terus nulak tjangkeng, popolotot njalukan budak "gyuhei" 
(pradjurit) nu teu tuah teu dosa. Bari ieu aing opsir "Nippon" 
nitah "kioskit" (sikep), dialak-diilik kawas nu keur meuli kuda. 
Gaplok njabok bari njarekan: "Bakeroh". Gyuhei tida bangus dah !".
  Nu ditjabok bari rungah-ringeuh, teu ngarti, da puguh teu boga 
salah, kuram-kireum era ku nu narendjo.
  Njutjudna ari geus ngagugubrag tengah peuting. Barudak nu keur 
meumeudjeuhna ngeunah sare, hajoh dibagi tugas salah mangsa. Leuheung 
mun parentah baleg, da ieu mah saurang dititah ka dapur menta sangu, 
saurang dititah njambel, sedeng nu sedjenna kudu kukurumujan ngundeur 
kasedep, lalab sintrong nu ngageba di pipir dapur.
  Karunja aja, seuri aja, ari ras kana lakuna barudak harita. Meureun 
kagambar kumaha tingtarologna. Nu keur sare dititah njambel, ........ 
tarasi pahili djeung areng, tjikur disangka tjengek. Angot eta mah nu 
kabagean ngundeur, djiga nu keur ngalalindur, alasruk-asrukan di nu 
bala. Nu dirampidanana, duka sintrong duka babadotan, da puguh undeur 
nu keur sare, ........ hih satjegna bae. Malah lain2 atjan ngundeur, 
da dirabutan djeung akar-akarna. Rengse tuang, masih keneh tatjan 
seep piwarangan.
  Bari eureuleu teurab, golojoh kana padjuaran. Ngahenen dipeuseulan. 
Saurang bagian sirah, saurang sukuna, saurang leungeunna. Nu teu 
kabagian mentjetan, kudu ngalanglaeu tembang, bari sila andekak di 
handap.
  Sakitu antarana pangalaman kuring djaman djadi tentara "Sukarela". 
Dipidangkeun soteh lain malar katangar, ieu mah itung-itung milu 
mieling tgl. 5 October nu geus kaliwat bae.
   
O. HIDAJAT (Madjalah "Panghegar" 1954) 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke