1.      NAON
 
a.      Hayang naon manéh téh tepi ka pundung ? (kecap pananya ngeunaan barang)
 
b.     Keur naon, euy, cinutrung didinya ? (kecap pananya ngeunaan kalakuan)
 
c.       Nanaonan ari manéh, lalaki-lalaki maké anting, dierok sakalian, haram deuleu ! (ngarah naon)
 
d.     Ah rék Lebaran téh can boga naon-naon. (barang atawa perkara anu teu tangtu)
 
2.      NOTOROGAN
 
a.       Notorogan siah, maké datang ka dieu ! (kecap anteuran pikeun ngedalkeun rasa teu panuju atawa ceuceub.)
 
b.      Uyuhan daék mulung minantu ka si éta, jalma notorogan kitu. (jalma pikacuaeun)
 
3.      NGELEYED
 
a.    Teu nyangka, geuning salaki ceu Odah téh ngeleyed nya. (ngabudi ucing, kawas anu lungguh tapi upama bongoh ti batur sok milampah nu teu (pati) uni)
 
b.   Budak manéh mah mani ngeleyed, ngala ka saha nya ? (ucap atawa lampah nu matak pikaseurieun batur)
 
4.      NYILIWURI
 
a.     Naha atuh maké nyiliwuri kanu hajat ari teu diondang  mah ! (nyampeurkeun manéh)
 
b.      Pasti ieu mah aya jurig nyiliwuri kélong néwo-néwo. (aya jalma jahat nyamur terus ngacowkeun. Nyamur = nyamar )
 
 


Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
 
 


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke