Gampil eta mah.  Metik 5/6 lambar daun melati muda teras rendem dina
cai rada panas, simpen dugi ka haneut. Teras leueut.  Dijamin tokcer.
Insya Allah.  Margi tos sababaraha wargi dipasihan resep ieu sadayana
tok cer.  Kade ulah ngaleueut obat tidur. Eta mah bahaaayaa.  

ieu we obat tradisional urang sunda. AJib pisan.
Mangga cobian.  teras lapor deui.  Hoyong terang hasilna siga kumaha.
Kade we bilih saurna janten kasiangan. Hehehe....

Sumardi
Bogor



--- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote:
>
> Assalamualaikum Wr. Wb.
> Wilujeng enjing baraya.
> 
> Sabenerna rada era nyaritakeun ieu teh. Ngan mun ngagugulung bae
kaera mah 
> meureun si kuring moal nambah pangaweruh. Komo ieu aya patula-patalina 
> jeung awak si kuring sorangan.
> 
> Dongengna mah kieu...
> Ti saprak sabulan-dua bulan katukang, nepika ayeuna, kuring ngabogaan 
> kacenderungan nu rada teu ilahar jeung kaayaan si kuring samemehna. 
> Nyatana kuring jadi hese sare. Kuring teu bisa sare sore-sore, paling 
> tereh bisa sare jam hiji peuting. Eta teh pang terehna, rereana mah
wanci 
> kasubuhna keun, jam tilu isuk. Kuring geus ngarasa kasiksa ku kabiasaan 
> jiga kieu. Pang-pangna mah karunya ka awak kuring sorangan, nu
ngabogaan 
> hak pikeun istirahat nu cukup.
> 
> Duka teuing naon nu jadi cukang lantaranna kuring hese sare. Da sok 
> sanajan dipeureum-peureumkeun oge, ti jam salapan peuting misalna,
anggeur 
> we bisa sare na mah jam dua-jam tilu an. Insomnia kitu eta teh....?! 
> 
> Cingan manawi baraya aya nu gaduh pangalaman, mangga guar pangalamanna 
> didieu. Kinten-kinten naon tah tarekahna sangkan si kuring jadi 
> sabihara-bihari deui...?!
> 
> Mangga ah diantos...
> 
> 
> Baktos,
> OTA
>









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke