Saminggu ti saprak Kang Ono nyobaan sakabeh resep-resep anti insomania anu katampi ku anjeunna, Kang Ono teu mucunghul-mucunghul, boh ka kantor, sumawonna ka milist. Babaturanana di kantor kacida kaleungitanana jeung melangeun. Teu katinggaleun,  balad-baladna di milist oge rada natanyakeun, kamana wae ari kang Ono. Barang dipaluruh ka bumina, kasampak keur ngaguher, sare tibra geus aya samingguna :)
 
Punten baraya, heureuy wae nu di luhur mah, ubar nundutan.
 
Kang Ono, insomnia, sakapeung mah kumaha umur oge, ceuk beja. Aya mangsa-mangsa dina umur kahirupan jelema anu rada hese sare, duka ti 40 tahun ka luhur kitu. Resep ti dulur-dulur anu tos nyampak sapuk jeung sorangan kungsi ngabuktikeun (huss...). Sok sanajan kitu, saran ti Mh oge hade lamun dicoba. Atawa digabungkeun wae, bari ngadagoan matihna resep-resep anu aya, ngalaksanakeun saran Mh :), sugan ageung pisan manfaatna geura.
 
baktos,
manAR

 
On 10/4/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Hatur nuhun kum we ka sadayana hususon nu parantos masihan bongbolongan ka si kuring. Seueur oge geuningan bongbolongan ti kadang wargi teh, ti mimiti obat tradisional, jamu, nepika jima sagala rupa heuheuheu....
Insya Alloh bade dicobian hiji-hiji sadaya bongbolongan eta. Mudah-mudahan tok cer. 'Ke mun tos aya hasilna laporan deui.

Sakali deui hatur nuhun...



Baktos,
OTA

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke