Collect Call masih keneh aya, jeung kudu aya sok sanajan sabenerna mah Telkom teu pati purun ngalayanan collect call teh, sabab sok aya unsur "fraud" dina menta collect call teh.
Waktu kuring dines di Ende Flores taun 1992, mindeng loba anu nelepon menta collect call ka kota sejen luar pulau, ari teu dilayanan da memang aya aturanana, ari dilayanan mindeng pisan anu narima telepon teh nolak.
Anu narima telepon sok malik nanya ti saha, disebutkeun we sacerewelena da memang kuduna kitu, tapi loba anu nolak, lantaran sanggeus nyaho saha anu bakal nelepon ngandung harti yen jalma eta teh geus nepi ka tujuan kalawan salamet, meunang ieu informasi teh bari teu kudu mayar.
Contona  Bah Willy ka Manado, ti Manado Bah Willy ka kantor pelayanan Telkom, hoyong nelepon ka Bandung collect call, tangtu operator Telkom Manado nelepon ka bumina Bah Willy, operator pasti nyarita "ieu aya jalmi namina Bah Willy hoyong nelepon tapi bayar di Bandung, diterima..?, putrana Bah Willy ngajawab ditolak, tapi tos terang yen Bah Willy tos dugi ka Manado kalawan salamet.
Biasana nu sok sering menta Colect Call teh para pelaut.
Eta carita jaman beh ditu saencan aya SMS.
 
MSasmita
ruruntuk pagawe Telkom.
  
 
 
 
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of S M Natapradja
Sent: Thursday, October 05, 2006 10:26 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Jutaan gara-gara 0809xxxxxx

 

Leres kang masih keneh tiasa eta anu di sebat " Collect call " teh, margi dugi ka kiwari rerencangan atanapi wargi anu ti lembur sering keneh

ngalakonan kitu teh, janten carana, anu di indo nelepon operator teras sebat keun bade " collect call " ka ....( anu di tuju )....sareng sebatkeun

 
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke