Ari kuring mah langkung satuju lamun anu dimaksad "pikiran arkeologis" ku pa Jokob Soemardjo, dinamian "rekaman" wae. Sabab ari arkeologis mah nyangkut kana hiji barang anu tiasa dirampa, tapi ari "rekaman pipikiran" mah, sifatna abstrak heunteu karampa tapi karasa.
Dina hiji kasempetan kuring mirengkeun ceramah pa hidayat komaruddin, ketua Program pasca sarjana UIN, nyebutkeun rekaman pikiran ieu teh hiji waktu mah pasti "kalaluar", lain ku ucapan tapi dijentrekeun ku para anggota badan. tah ieu konsep mah aya dadasarna nyaeta waktu kajadian yaumil akhir tea, dimana sagalakalakuan urang teh bakal ditontonkeun ka diri pribadi masing-masing. Kitu oge dina aspek basa, konsep rekaman pipikiran ieu, jadi salah sahiji dasar anu aya dina teori basa anu di"Ciptakeun" ku Ferdinand de Saussure tea. Ke disambung deui pami aya waktos. baktos, mrachmatrawyani --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Saur Ua Sas, lamun maca buku "KHazanah Pantun > Sunda", kenging Pak > Jakob Sumardjo, kudu terang heula lalakon pantun > nu "dibedah"/ditafsirkeun ku pa Jakob. Kasauran Ua > Sas, aya leresna, > sabab kuring maca buku ieu bulak-balik, hese > ngartina, kulantaran teu > apal kana lalakon pantunna. Tapi ari dipaksakeun > mah, make imajinasi > saeutik, lila-lila jadi ngarti naon nu dimaksud ku > Pa Jakob teh. > > Keur kuring, nu narik dina buku ieu, malah dina Bab > Pendahuluanana. > Pa Jakob ngabahas soal Arkeologi Pikiran, nyaeta > alam pikiran nu > mangrupakeun warisan ti para karuhun hiji masyarakat > manusa. Alam > pikiran ieu, sabenerna boga sifat arkeologis. > Niley-niley nu dianut > ku saurang manusa, lain wae ti jaman ayeuna, tapi > oge ti jaman > baheula. Tah niley-niley nu ti jaman baheula teh > disebut niley-niley > arkeologis. > > Kuring jadi mikir, naon titinggal arkeologi, nu > masih napel di alam > pikiran kuring. Ah ieu meureun conto nu dimaksud ku > Jakob teh: Kuring > beuki Jengkol, Oncom jeung tarasi. Kuring oge resep > lagu/gamelan > Sunda, sanajan ceuli ieu pinuh ku musik barat. Lamun > meunang kasusah, > otomatis kuring kunyam-kunyem babacaan, ngadoa, bari > namprakkeun > leungeun. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

