Kamari kuring posting soal "arkeologi pikiran", nu ku Kang Rahmat
disebatkeun kirang tepat. Perkara ieu mah, nyanggakeun we ka
akhlina. "Arkeologi Pikiran" ieu didamel "landasan" ku Pak Jakob
Sumardjo (JS), kanggo ngabedah pantun Sunda. Tapi sateucan kana
bahasan Pantun Sunda, JS nerangkeun heula soal bedana budaya Ras Aria
jeung budaya lokal di etnik-etnik di Nusantara.
Nu disebut Ras Aria (Indo Germania) teh manusa-manusa nu dicicing di
Eropa, Timur-Tengah, Asia Tengah tepi ka India. Biasana dicirikeun ku
irungna nu panjang. Ari urang mah disebat Ras Mongolid, irungna
umumna pesek. Ceuk pak JS, Asal muasal Ras Aria ti lingkungan stepa
(padang rumput) di Eropa Tengah nu cara hirupna pindah-pindah (nomad)
jeung ingon-ingonna (ternak). Cara hirup model kieu, ngalahirkeun
cara pikir lokal (cara mikir primordial), nyaeta KAHIRUPAN teh PAEH
KEUR PIHAK SEJEN ("Kehidupan adalah kematian di fihak lain"). Lir
ibarat singa-singa di "padang rumput" nu bisa hirup lamun maehan sato
sejen. Ngan aya hiji kamungkinan dina hirup ieu, anjeung paeh atawa
kuring nu paeh, ELEH-MEUNANG. Prinsip dominasi, nu sejen kudu "paeh"
atawa "eleh". Nu meunang nu nangtukeun hirup ieu. Sifat "banci"
paling teu dipikaresep. Pola pikir jiga kitu kulantaran pangaruh
kondisi ekologi jeung oge tradisi dina dahareun. Dahareun teh pola
dasar budaya. Masyarakat tukang ngangon (nomad Gembala) dahareun
pokona daging, ari buah jeung "biji-bijian" mah ukur menu tambahan.
Dasar pola mikir primodial Aria ieu dituwuhkeun di Yunani heubeul.
Tapi di jaman Yunani, urang Aria geus netep, geus nyaho tani. Pola
ngagantung ka alam ditinggalkeun diganti ku pandangan manusia
sentris, dimimitian ku Socrates : Manusa teh PUSEUR ti "semesta".
Alam ditangtukeun ku manusa ( Ti kuring : bet sarua nya jeung
jargon: "Manusa Kalifah di didunya?").
Kumaha pola mikir lokal di Indonesia? Manusia Indonesia rata-rata
hirup tina tani, tani di sawah atawa tani ngahuma. Keur nu tani hirup
teh lain Homo homini lupus atawa lain : lamun kuring hirup, nu sejen
kudu paeh. Tapi hirup teh mihak kana kahirupan eta sorangan. Hirup
teh ngahirupkeun, nyaeta melak, miara jeung ngala hasilna. Hirup
dimungkinkeun tina "perkawinan", nyaeta upaya ngawinkeun atawa
NGAHARMONIKEUN, NGAHIJIKEUN nu beda substansina, malah patulang-
tonggong jadi kamungkinan anyar. Guru alam pangdeukeutna nyaeta
pasangan lalaki jeung awewe. Lamun urang Lalaki teu bisa sakaligus
jadi Awewe, kitu deui sabalikna. Tapi kulantaran urang lalaki, urang
wanoh nu lain lalaki, nyaeta awewe. Pasangan Oposisi nu silih
lengkepan. Aya beurang aya peuting, aya langit aya bumi, aya darat
aya laut jrrd.
Aya taneuh anu garing jeung aya cai anu baseuh. Pasangan oposisi.
Lamun kadua ieu dikawinkeun, mucunghul kondisi PARADOKS, nyaeta
taneuh baseuh. Dina paradoks ieu hirup teh aya!. Hirup
mangrupakeun "perkawinan" tina dua substansi nu patulang-tonggong
tapi nu silih lengkepan. Lamun hirup kudu aya, hukum harmoni kudu
tetep dilanggengkeun.
Jadi, didieu katingalina bedana antara cara mikir Ras Arya jeung
manusa lokal Indonesia (baca : Sunda). Lamun Ras Aria mah nu patulang-
tonggong teh kudu DIELEHKEUN, beda jeung urang sunda nu patulang-
tonggong teh DIHARMONIKEUN/disaluyukeun(?) nepi ka kabentuk
kamungkinan anyar. Contona soal gender. Soal gender sabenerna soal
budaya Ras Arya, awewe "dielehkeun" ku lalaki. Di budaya asli urang
Sunda, awewe jeung lalaki teh sajajar, jadi teu aya masalah soal
gender. Ngan kulantaran urang tururut-munding kana budaya maranehna,
akhirna soal gender oge mucunghul di urang.
Baktos,
WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/