Hatur nuhun kritikna, abdi nampi, insya Alloh ku team bade dirembugkeun.
Baktos abdi saparakanca
HR UCEP WJ
tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Kang Ucep,
Nepangkeun. Abdi Tantan. Urang Garut oge.
Upami ninggali tina program anu ditawiskeun ku Kang Ucep. Kuring mah gaduh kapanasaranan:
1. Kumaha ngaoperasionalisasikeun kabupaten anu bebas tina korupsi teh?
2. TI, kuring sapuk. Tapi, bisa-bisa elitis. Masih butuheun keneh kana alat-alat produksi anu cukup, ceuk kuring mah, tinimbang TI
3. Kuring teu ninggali program hak dasar. conto: Kasehatan (siga kumaha strategina?), atikan (kumaha sistim tur kumaha ngaalokasikeuna) , keadilan sosial, kaadilan jender, jrrd we. Padahal, ceuk kuring, eta teh anu jelas langkung dipentingkeun pisan--batan jadi santri !!! (punten sanes suudzon, ah) hehe
baktos
tantan
On 10/4/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]com > wrote:Kang Ucép, ngabagéakeun kana seja tandangna salira, nya kaleresan baé ieu mah, aya sababaraha hal anu hayang ditepikeun ngeunaan Garut. Panginten, ieu gé aya patalina sareng konsép udagan anu badé dirarancang (atawa atos?) ku salira (sakumaha anu kaaos di loka/situs salira).1. Ngajadikeun Garut salaku kabupatén anu beresih/bébas tina rupa-rupa prakték KORUPSI
Naon kira2na tar ékah anu dijalankeun pikeun ngahontal ieu udagan, mangkaning masalah korupsi téh geus ngajiret birokrasi di urang ?2. Garut jadi kabupatén nu panghareupna dina ngalarapkeun téhnologi informasi
Naon anu dipiharep ku salira tina dilarapkeunana t éhnologi informasi sahingga bisa ngamajukeun masarakat Garut? Kuring pribadi mah sok sképtis mun ngadéngé kekecapan nu maké émbohan "pang-" téh...3. Mertahankeun Garut salaku Kota Santri
Leres kitu Garut téh Kota Santri? Ditilik ti mana sawangan kitu t éh?
4. Ngaronjatkeun pangala per kapita masarakat Garut
Atuh ieu mah umum teuing. Cikan, manawi tiasa dipedar, kumaha carana tiasa ngaronjatkeun pangala (leres kitu?) urang Garut t éh? Ari kalolobaan masarakat Garut pangupajiwana dina widang naon? Tani, dagang, industri, atanapi naon? Naon kira2na anu bakal diprioritaskeun ku salira? Kumaha carana ngaronjatkeun hasil éta prioritas?5. Ngalempangkeun jalur aksés ka puseur pamaréntahan
Maksadna jalur aksés ka puseur pamar éntahan téh nu mana? Ti Garut ka luhur atanapi ti masarakat Garut ka Pamar éntah Garut? Aksés nu dimaksad téh aks és naon? Ngalemesan/ngalegaan jalan, nyieun sasak, atawa muka jalur aspirasi ti masarakat ka Pamar éntah?
Asa teu ningal disabit2na masalah lingkungan. Kumaha numutkeun Kang Uc ép?
Sakitu baé heula.
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr
"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___
Kirim email ke

