Komentar kuring dina masing-masing padalisan anu kapilih di handap ieu:

> From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: 05 Oktober 2006 13:34
> To: [email protected]
> Subject: [Urang Sunda] bidadari di sawarga
>

> keur leutik, kungsi manggih carita yen di surga (tina sawarga, bahasa
> sansakerta) seueur bidadari. bidadari dicaritakeun isteri geulis nu tangtuna
> pikeun ngabibita lalaki. hehe.
>
===>Enya, ieu teh pangaruh tafsiran yen surga teh pakalangan keur
libur panjang bari sukan-sukan. Tapi, konsep dasarna anu kuring cop,
satemenna surga teh gambaran tina ganjaran Pangeran pikeun amal anu
hade. Satemenna deui, sakumaha eusining ayat2 Al Qur'an, eta teh lain
ganjaran2 teuing, tapi buah tina pagawean urang. Disimbolkeun ku
"bidadari" silib tina kasenangan atawa anu jadi kabagjaan hate manusa
(diantarana lamun di dunya mah nya dikurilingan ku bidadari).
Mataholangna mah surga teh kabagjaan anu pohara gedena anu jadi udagan
satiap manusa. Kunaon make bidadari? Naha bias jender? Teu kitu, sabab
tafsir bidadari sejenna nuduhkeun yen justru eta teh janji Gusti Alloh
anu pakait jeung "kesetaraan gender". Wallohu'alam

> dina cupumanik bulan nu kaliwat, aya tulisan kang Irfan Anshory, yen
> terjemahan ayat qur'an nu jadi bidadari eta, harti nu leuwih herang mah
> babaturan, lain bidadari (wungkul). kaharti kituna mah. sabab mun di surga
> ngan aya bidadari, meuren hartina nu asup surga teh pameget wungkul. ari
> bidadara pikeun maturan istri kamarana? piraku para istri teu arasup surga
> oge? padahal numutkeun pamanggih kuring, nu pangcapena hirup di alam dunya
> teh istri.

==>Sapuk. Pakait jeung hal ieu aya salah sahiji tafsir Al Qur'an anu
si kuring rada cop, sahenteuna nepi ka danget ieu. Yen, bidadari teh
maksudna taya lian ti isteri arurang (lamun arurang asup surga).
Hartina, bidadari teh isteri saha wae anu asup ka surga babarengan
(salakina asup surga, pon kitu keneh isterina; oge --meureun---sabab
ceuk sakaol, panungtungan mah aya di surga masing sakumaha lilana dina
naraka oge, nya bidadari teh isteri/pamajikan satiap lalaki). Jadi teu
bias gender, malah ngajenan pisan wanoja, sabab satiap pamajikan hiji
lalaki anu asup ka surga teh jadi bidadari.
>

> konsep bidadari ieu rada nunjukeun yen di alam eta, napsu  -ku mangrupa
> perlambang bidadari nu tangtuna geulis- masih keneh aya. padahal cenah ngan
> ukur alam roh. hartina geus teu aya urusan napsu. tapi wallahualam
>
===>sigana lamun dibasakeun ku kalimah sejen: di surga teh mangrupa
sampurnana naon anu jadi angen-angen manusa salila hirupna. Malah jauh
leuwih ti eta. Salah sahiji ayat Qur'an ngajelaskeun yen di surga aya
kasenangan anu sakitu endahna teu aya babandinganana teu aya contona
di dunya ieu. Ganjaran atawa buah tina amal sholeh manusa salila
hirupna di dunya.

Anapon di alam kubur, numutkeun hiji katerangan, kuring sapuk,
kahayang (nafsu tea) teh aya keneh atawa meh sarua pisan jeung di
dunya. Malahan bisa jadi lamun di dunyana gede keneh kapansaran kana
muaskeun hawa nafsu nya bakal kababawa ka alam kubur, jadi arwah anu
marakayangan tea. Kusabab kitu, kaharti lamun aya hiji do'a anu unina
kieu: "Nun Gusti, jadikeun maot kuring salaku tempat (jeung waktu)
reureuh kuring tina nyieun kagorengan, jeung tambahan nyieun kahadean.
Mafhum mukholafahna: aya golongan jelema-jelema anu sok sanajan geus
maot tapi masih teu eureun-eureun nyieun kagorengan (na'udzubillahi
min dzaalik). Sabalikna, aya sagolongan jelema anu sok sanajan geus
maot, tapi inyana tetep nyieun kahadean (mugi Gusti ngalebetkeun urang
sadaya kana golongan jalmi sarupa kitu).  Anu kieu
meureun anu disebut kahadean ngocor teu aya eureunna.

> di henteu2 oge nya, agama islam urang kapangaruhan ku cara agama sejen nu
> geus beh ditu asup ka nusantara. conto eta we kecap surga, tina sawarga nu
> pastina dibawa ku hindu di india. rada siga suwarga, warga nu alus/hade. boa
> bidadari di sawarga oge hasil ngahartikeun qur'an make 'arkeologi pikiran'
> samemeh islam asup ka urang.  da ari dina hindu mah, jelema bisa asup
> sawarga teh, hasil sababaraha kali reinkarnasi nu hade tea cenah. beda jeung
> konsep agama islam.
>
===>Sapuk. Utamana, kapangaruhan ko konsep deet tina nafsirkeun
ajaran2 agama anu enas2na mah sakabehna kaluhungan. Sawarga, sakumaha
geus disebutkeun di luhur, oge dina agama sejen anu kapanggih, taya
lian ti kahontalna naon anu jadi cita2 manusa dina hirupna (kabagjaan
tea), malah aya bonusna: kaendahan atawa kabagjaan anu sakabeh makhluk
tacan kungsi nyaksian samemehna). Anapon lila sakeudeungna ngahontal
hal eta --sagolongan gede nepi ka kudu ngasaan heula asup naraka - eta
urusan lain. Urusan buah pagaweanana sewang-sewangan nalika keur aya
di dunya.

Hal ieu oge ngajawab hiji pananya kan hiji do'a, do'a sapujagat tea.
Kunaon cenah dina do'a "robbana atina fi dunya hasanatan wa fil
akhiroti hasanatan wa qinaa 'adzaaban naar", surga teu disebut-sebut?
pamenta dina do'a teh anu sejenna ukur salamet tina naraka teu
disebut-sebut menta asup kasawarga? Waleranana, ceuk sakaol: kahiji,
ari geus salamet tina naraka mah nya moal kamana deui iwal ti asup ka
surga. Anu kadua, ngaliwatan eta do'a urang neneda sangkan asup ka
surga teh ulah satutasna ngalaman asup ka anraka. Wallohu'alam.
>
> sawarga mun teu ti basa hindi nya basa sansakerta. ngan di pasantren atawa
> dilingkungan nu tangtu disebut jannah atawa firdaus nu diadaptasi basa
> inggris jadi paradise. palebah dieu aya nu ngaganti agama jeung dien, sabab
> konsepna beda.
>
===> Jannah, firdaus, jst numutkeun Al Qur'an (sababaraha tafsir) eta
nuduhkeun darajat-darajat "sawarga". Hal ieu adil pisan, sabab
prestasi jelema mah gumantung amalna sewang-sewangan.
>
> kuring oge boga bidadari (ti basa inggris angel) dua di imah. nu anyar
> datang dingaranan Divina Farsiris Vega. ngahaja make F jeung V, sangkan
> kuring utamana bisa ngabedakeun ngucapkeun hurup F, V, jeung P. farsiris ti
> basa persia, vega ti arab. divina duka timana, meunang nyokot ti judul
> carita, divina comedia. kungsi rek make ngaran ti budaya sunda, lanceukna
> baheula, dibere ngaran tambahan purbasari, tapi diprotes, sabab cenah siga
> merek lulur. mun make ngaran diah pitaloka, dianggap nurutan rieke.
>

===>Hehehe, masih nyungkelit nya Mj pangalaman mindeng diledek ku
urang jawa yen cenah urang Sunda teu bisaeun ngucapkeun "f" atawa "v"?
Wilujeng Mj. Pamugi sadaya isteri di rumah tangga Mj jaradi bidadari.
Amin

baktosna,
manAR

>
>
>
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke