Saleresna mah tos lami, sim kuring ngabandungan ieu forum duduluran teh,
Mung hapunten nembe ayeuna tiasa ngawanohkeun diri
Sim kuring lahir di Bandung, Sakola di Bandung, mung nya kitu tea ari takdir, bet diparengkeun bumen bumen di nagri batur, di Kota La Seyne sur mer – dipakidulan
Perancis, teu tebih ti kota Marseille.
Sim kuring oge aya rencana lebaran di Bandung, atuh aya gerentes hate hoyong ulubiung dina mangsa halal bihalal kusnet.
Sanes sim kuring anti politik, namung sim kuring jadi boga rasa sieun ieu forum duduluran teh dipolitisi keur kapentingan kelompok, atuh halal bihalal anu rek dieusi pikeun ngaraketkeun tali
duduran sarta ngamumule kasundaan teh, jadi ajang kampanye PILKADA ! nyarios kieu margi aya anu bade hadir « sapuluh urang ngangge mobil ti « tim sukses UWJ «
Ari kahoyong mah bade hadir mah hadir bae, atas nami pribadi
Kabayangkeun enjing pageto aya deui nu daptar « dua puluh urang ngangge beus ti tim sukse KABAYAN , teras lima belas urang nganggo Delman ti tim sukses Mang OHLE , tepang di acara
halal bihal, pan sahenteu henteuna oge « lawan » , janten simkuring rada paur eta acara halal bihalal teh ka ganggu.
namung sanaos kitu sim kuring percanten ka panitia
Wassalam
Tata Basary Noer Sulaeman
(Pun biang ti Cikelepu, Balubur Limbangan, Garut, putuna Mama Haji Enur -
Pun Bapa ti Trusmi/Cirebon , lahir di Bandung, remaja di Cimahi, pakokolot di Perancis)
Nalika di Bandung aktip di Gerakan Pramuka, kantos janten sekertaris DKD Jawa Barat thn.1971 – 1974 )
ucep wahyudin <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Ucep WahyudinBade dongkap 10 jalmi tim sukses UWJngange mobildinten saptuAbdi teh ti kaum pusaka cinunukpun bao eyang Diperja rai raka sareng eyang Nurhasan, eyang Nurhasim.Wios engkin dibahas.Salam baktos ka sadayana anu di keresek.HR Ucep Wahyudin
ndoell <[EMAIL PROTECTED]com> menulis:Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..
Baraya Kusnet sadayana,
Dina raraga boboran siam 1 syawal 1427 Hijriah,
dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2006
nu Insya Allah badé diayakeun dina :
Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 4~5 Nopember 2006
ngawitan tabuh 11.00 énjing dugi ka lekasan
di Pasantren Keresek - Cibatu, Garut
Acara :
- Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun
- Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
- Kusnetvaganza
- begadang bari siduru, meuleum jagong, Domba Guling, jste..
Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét
sareng kulawargina, sareng ageung pisan nu dipiharep kana kasumpingan
sadayana dina waktosna.
Haratis, teu kedah mayar.
Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
diantawis baraya Kusnet sadayana.
Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.
-Ndoell-
Panitia (hususon tukang wawar)
hapé : 08129056192
imel : [EMAIL PROTECTED]com
* PENTING !!! *
---------------
Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala
rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa
ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél :
[EMAIL PROTECTED]com atanapi dialungkeun ka Milis :
--------------------- --------- --------- --------- --------- -
FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2006
4~5 Nopember 2006
Ngiringan : Bade / Moal (pilih*)
Nami :.................... ......... ......... ......... ......
Padumukan :.................... ......... ......... ......... .
I-mél :.................... ......... ......... ......... .....
No. telpon / Hapé :.................... ......... ......... ..
Jumlah nu bade sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
Kendaraan : Motor / Mobil / Umum
--------------------- --------- --------- --------- --------- -
Informasi nu sanésna :
* Tempat Halal Bihalal *
--------------------- ---
Di Pasantren "Keresek" Cibatu, Kab. Garut
*Bazaar*
--------
Baraya Kusnet/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnet
nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri
kanggo konfirmasi.
*Sumbangan*
------------
Bilih aya nu bade masihan sumbangan disayogikeun kotak sumbangan,
atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo konfirmasi.
* Susunan Panitia Halal Bihalal*
--------------------- --------- --
- Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja
- Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Tirta Wijaya, Kang Akos
- Pupuhu : Kang Ndoell
- Tukang nyatet : Teh Tia
- Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim
- Seksi Humas : Kang Runa
- Seksi Acara : Kang Darpan, Kang Syam Ridwan, Kang Ikmal
- Seksi Konsumsi : Teh Enung (istrina kang Deni)
- Seksi Akomodasi/peralatan : Kang Deni, Kang Kumi & Kang Agus
- Seksi Dokumentasi : Kang Rachmat, Kang Bowie
- Seksi Ingkig / Umum : Kang Irpan, Kang Kamal, Kang Dudi,
Kang Hendra, kang Yayan,
Kang Ega & Kang Hadi
- Registrasi & Panampi tamu : Teh Eeya, Teh Mia, Teh Gia & Teh Iva
---..tos ah..
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___
- Balasan: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 Tata Noers
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 ono . taryono
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2... MRachmat Rawyani
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusn... urang_cariu
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal ... ono . taryono
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bih... urang_cariu
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusn... budyana yogaswara
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusn... ika mardiah
- RE: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusn... Hari Wibowo
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2... mj
Kirim email ke

