KAGET

Waktu Carmen mimiti nincak ka Arab Saudi, manehna jeung adina make 
baju "abaya": baju hideung, kurudung hideung jeung dicadar. Waktu 
nece taraje (tangga) pesawat, adina tikudawet ku baju abaya, tepi ka 
barang dina tas leungeunna mawur. Teu aya saurang oge nu nulungan. 
Adina mencrong ka Carmen bari kukulutus: Tempat nanahaon ieu teh?". 
Di Arab Saudi, lalaki teu meunang deukeut teuing jeung awewe, komo 
nepi ka nyekel nulungan awewe nu tikudawet ku baju mah.

HATUR NUHUN

Saterusna Carmen, ngajugjug imah indungna Yelsam, nu sok disebut Om 
Yelsam. Manehna ngajrek di imah mitohana. Di imah mitoha awewena teh 
loba jongos (pelayan). Waktu Carmen ngucapkeun "Hatur nuhun", ka 
jongos nu ngalayanan Carmen, mitohana jeung adi salakina kacida 
kageteunana. Kitu deui jongosna. Kaget, sabab ngucapkeun "Hatur 
nuhun" ka jongos teu lumrah di Arab Saudi. Sikep ieu, negeskeun fakta 
yen Arab Saudi mangrupakeun nagara pangakhirna di dunya nu mupus 
perbudakan, nyaeta di taun 1962. Tepi ka taun 1962, kulawarga-
kulawarga beunghar di Arab Saudi baroga "budak belian". Waktu 
pamarentah Arab Saudi mupus sistem perbudakan, "budak-budak beulian" 
ieu dibebaskeun ku cara "dibeuli" ku pamaertah Arab Saudi ti nu 
mibogana.

PUTRI MISH'AL

Kajadian ieu di taun 1978. Salah saurang incu awewe dulur lalaki 
raja, nu aranna Putri Mish'al ditelasan di lapangan parkir kota. 
Mish'al nu kakara rek mangkat dewasa ditunangankeun ka lalaki nu jauh 
leuwih kolot. Mish'al rek kabur jeung kabogohna ka luar negeri, tapi 
katewak di lapangan terbang. 

Akina, Pangeran Muhammad, dulur lalaki raja Khalid, nitah raja supaya 
nelasan Putri Mish'al kulantaran mawa aib ka kulawargana. Raja Khalid 
sabenerna nolak parentah lanceukna ieu teh. Tapi kulantaran Pangeran 
Muhammad teh, sabenerna mah pewaris Tahta karajaan Arab Saudi, ngan 
kulantaran Pangeran Muhammad jalmana heuras, nya dewan karajaan 
ngangkat Pangeran KHalid nu jadi Raja. Putri Mish'al akhirna 
ditelasan.
[Catetan ti Kuring : Wartos ieu nyebar oge di koran-koran di 
Indonesia]

MASJIDIL HARAM DIBEBASKEUN KU PASUKAN PERANCIS

Revolusi Iran meunang, Khomaeni kawasa di Iran. Aya kajadian luar 
biasa waktu musim jamaah haji. Masjidil Haram di Mekkah diserebu ku 
ratusan ekstrimis Islam. Pamimpin ekstrimis ieu nyieun pernyataan2 nu 
provokatif soal korupsi jeung perilaku nu nyimpang ti kulawarga 
karajaan-pangpangna mah gubernur Mekkah Pangeran Nayef.

Ceuk Carmen, nu ngabebaskeun Masjidil Haram ti kaum ekstrimis teh, 
pasukan penerjun payung Perancis. Pasukan ieu nyerbu liwat rohangan 
bawah tanah Masjid. Pasukan ieu, saencanna di Islamkeun heula. Lamun 
Pasukan Perancis teu pipilueun mareuman nu barontak, barontak ieu 
bakal hese dipareuman. Sanggeus kajadian eta aya puluhan jalma 
dieksekusi dihareupeun umum di sakuliah nagara.

[Catetan ti Kuring: Wartos masjidil Haram diserebu nu barontak, aya 
di koran Indonesia. Tapi soal pasukan perancis pipilueun, rarasaan 
kuring, teu aya wartosna di urang]

Seueur deui nu narik dina biographi Carmen ieu. Maca buku ieu kudu 
kritis. Biographi hartina, maca pandangan ka hiji masalah ti kacamata 
nu nulisna. Jadi sifatna subyektif pisan. Carmen, Warga negara Swiss, 
didikan kulon, asup ka nagara nu kacida tertutupna. Arab Saudi, 
sistem pamerentahanan, Monarki Absolut. Jadi tangtuna oge 
aya "keterkejutan" budaya.

Carmen oge turunan urang Iran/Persia. Ti baheula keneh urang Persia 
jeung urang ARab teh sabenerna henteu pati akur. Ditambah deuih beda 
mazhab Islam. Arab Saudi Sunni, Iran Syiah. Jadi tulisan Carmen ieu 
oge teu leupas ti sentimen Arab-Persia ieu.

Baktos,
WALUYA
 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke