Lamun dibalikkeun deui ka aksara hanacaraka, kapan nu ngarana kh, sy, z, v, f, jeung nu sarupa kitu teh euweuh. Jadi teu heran lamu letah Sunda teu bisa teh. Tapi, ari "gubernur" (Ind) jadi "gupernur" (Sunda) mah lain alatan hanacaraka tangtuna. Aeh, ari hanacaraka teh enya produk urang wetan, jeung US mah ngan saukur pipilueun? Di Wetan mah aya TA jeung THA sarta DA jeung DHA. Di US mah teu kapake tah dua aksara teh.
 
AJ
Di Depok

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
Cing sim kuring Seja neruskeun hanca noongan serelek Mang Engkus. Ieu mah
sakalian we, bari sakalian malem minguuan. Hehehe.

--- engkus ruswana <engkusruswana@yahoo.com> wrote:
>
> Naha era atawa salah kitu?, upama dina basa Sunda
> urang nyebut/nulis "Vespa" ku "Pespa", nyebut/nulis
> "Televisi" ku "Telepisi", "syukur" ku sukur, "Sholat"
> ku "Solat", "zat" ku "jat", zaman ku jaman, qurban ku
> kurban, Fitrah ku Pitrah nu tangtu nyurup kana
> letah/sora urang Sunda jeung teu ngarobah harti. Kapan
> dina basa Indonesia oge geus aya conto, saperti
> Christian jadi Kristen (teu kudu nyieun aksara “Ch”),
> Catholic jadi Katolik, jrrd.

Tah palebah dieu, pasualanana numutkeun kuring mah lain perkara era atawa
salah. Malah eta pananya teh bisa dijieun kontraposisina. Naha salah atawa
era parada upama urang Sunda nulis/nyebut "Vespa" lain "Pespa",
nulis/nyebut "Televisi" lain "Telepisi", nulis/nyebut "syukur" lain
"sukur", nulis/nyebut "Sholat" lain "solat", nulis/nyebut "zat" lain
"jat", nulis/nyebut "zaman" lain "jaman", nulis/nyebut "qurban" lain
"kurban", atawa nulis/nyebut "Fitrah" lain "pitrah". Naha upama urang
Sunda ngadopsi sora /v, sy, sh, z, q, f/ dina paguneman jeung tulisan,
baris ngurangan esensi kasundaanana. Ceuk implengan kuring, tarekah
nambahan sora teh lain pikeun ngaleungitkeun ciri kasundaan, tapi pikeun
ngajembaran nu geus aya. Sabab aksara mah ngan ukur "jirim", ari
"jisim"-na basa Sunda tea. Basa Sunda nu jadi jisim tea, kaci wae, lumrah
jeung halal upama rek ditulis make jirim sistem aksara naon wae. Jiga nu
ditulis ku kuring dina serelek sejen, yen basa Sunda teh kungsi ditulis ku
sababaraha model aksara.

Palebah kecap "Christian" jadi "Kristen", "Catholic" jadi "Katolik", ieu
mah beda deui pasualana atuh. Teu kaci digeneralisir kana kasus nu
dipadungdengkeun ti heula. Cing urang toong, dimana bedana. Kieu geura
toongan kuring mah: ari kumpulan sora nu diwakilan ku aksara /v, sy, sh,
z, q, f/ sorana SARIMBAG jeung sora nu diwakilan ku aksara /p, s, j, k/.
Kulantaran kitu teu ieuh jadi pasualan upama rek nulis "Vespa", "Zakat",
jeung "Fitrah" misalna. Ari SORA /ch/ dina kecap "Christian" jeung
"Catholic" mah, memang sorana PATUKANG TONGGONG jeung sora /c/ nu geus
ilahar dipake dina basa Sunda, tapi sorana sarimbag jeung sora /k/. Apan
eta teh salah sahiji kaedah dina nuliskeun kecap serepan. Mangga we geura
lenyepan babandingan antara sora /zakat/ jeung /jakat/, /fitrah/ jeung
/pitrah/. Dina aya bedana oge apan IPIS KACIDA. Bandingakeun upama kecap
/christian/ ditulis /cistrian/, /catholic/ ditulis /catolik/ apan sakitu
JAUH MELA MELU bedana, kulantaran kitu merenahna jadi /kristen/ jeung
/katolik/. Cag deui ah. Ke upama pareng disambung deui.

salam,
mh

=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


All-new Yahoo! Mail - Fire up a more powerful email and get things done faster. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke